Hot News
15 Mei 2019

Puisi Sunda "Nyawang narawang mangsa katukang"



Baheula sanajan caang'na cukup ku cempor Atawa make obor.,

Anu di pasang di tepaseun imah..
Di pinggir sapanjang'na jalan..,
Jadi ciri kahirupan NU baheula..
Urang ngarasa sugema ningali baranang cahaya dina waktu peuting..
Eta NU nyatakeun ciri khas kahirupan di pedesaan..
NU kacida jauh'na.., jeung kaayaan di kota..
Wanci magrib sampe ka isya di paimahan reang kunu ngaji Qur'an.., Mun geus ka peuting nakeun kadenge
sora radio anu raheng awun ngadangukeun carita pantun.. jeung kacapian..
Ngahaleuang lagu cianjuran..,
NU Matak waas..
Kajeun imah'na panggung jeung kubilik tapi sare oge mernah tibra karaos'na..
Jalan- jalan atawa gang cukup make entepan batu wahangan nu di entep'keun.
Mandi ka tampian atawa kawalungan nu herang cai'na.., tiis kacida nyucup Tepika sumsum balung..
Cai keur nginum'na Oge tina mata cai..
Di jijing dipanggul ngagunakeun lodong Atawa rancatan Tina Awi..
Pakasaban ukur Tina hasil'na Tina tatanen..
Rebun-rebun geus arindit kasawah Jeung deui Aya nu kebon atawa kaleuweung..
Jero'na Leuweung NU masih kajaga ka'asrianana..
Hampir tara Aya sampah plastik reusik bersih pikabeutaheun..
Tatangkalan rajeg di pinggir-pinggir'na..,
Hate asa lugina.., pikiran asa tenang..
kahirupan teh barokah jeung pinuh kabagjaan..
sabilulungan.silih.asah silih.asuh jeung silih  asih.
Mulud ku mulud'na bada kubada'na lugina Taya papadan..
Sagala dahareun kampung tos nyampak..pare tinggal nutu..
Beubeutian tinggal ngasakan..
Lauk tinggal nyair..
Embe jeung hayam tinggal meuncit'na..
Teu kedah pusing kanggo bada...
Dasar ngadaplak pinuh ku perjuangan tapi hate ngarasa bungah kacida lugina'na hate..

Wilujeung boboran syiam 1440 hj... 🙏🙏

#SalamTiBudakAngon


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Puisi Sunda "Nyawang narawang mangsa katukang" Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan