Hot News
17 Mei 2019

"Ramadhan di Masjid Syiarul Islam Kuningan"

Hikmah Ramadhan


Masjid teh tempat utami keur jalmi nu iman..,
komo mun sasih saum masjid sok jadi rame taya berang taya peuting., beda pisan ti biasana..

Masjid jadi sasaran jalmi anu nuju ngalasana'keun ibadah saum Dina sasih ramadhan..
Komo diwaktu lohor sampe ashar disambung dugika waktos'na magrib., dipake panyalindungan keur niiskeun ngarerema ras tina hawa haus jeung dahaga..

Ti dinya.., loba jalma iman nu itikaf diMasjid.., ngadzikir jeung ngaderes maca qur,an bari sakantenan ngiring ngariung ngadangukeun tausiah ti ustad ustajah pengurus DKM masjid..

Tapi Nya.., aya nu ngadon nyanghunjar lambar ngalempeng'keun sampean'na bari nyanda kana tihang masjid tur ngalonjor ngababatang..,

Tutungnamah sare tibra kalah poho tina sagalana..
Cirining ieu teh dipaparinan kanikmatan.., jeung eta teh tanda barokah ti gusti Alloh SWT..
Ieu.., geus jadi hiji ciri kabiasaan tur jadi kagiatan dina bulan puasa nu kedah dimumule ku urang umat islam di kuningan khususna..

loba deui jalma nudatang ti pilemburan jauh-jauh ngahajakeun pisan.., hayang ngadon itikaf jeung solat lohor., ashar tur maos qur'an ngaderes Salami bulan suci ramadhan., Dugika tamat atanapi hataman qur'an di masjid Syiarul islam (Nu kapungkur'mah Al 'Manar),..ieu teh Masjid nujadi kabanggaan urang kuningan..

Jauh-jauh jalma daratang ngahaja rek ngabeubeurang atawa ngabuburit.., teu kolot teu budak.., istri sareng pameget seja karumpul ngariung di jero sareng disaluareun Masjid kuningan..

Hate asa lugina pikiran oge tenang turkaraos pisan nikmatna ibadah saum teh,..

Komo deui bari cicing menekung kagusti.., bari ngadzikir ngucapkeun lapad illahi.., di jero Masjid bari tapakur munajat kagusti Alloh SWT menta di hapuskeun tina sagala dosa NU geus di pilampah.., munajat'keun doa.., manuhun kagusti nu maha suci..,

pamugi ditambih rijeki nu pinuh ku kanikmatan tur barokah'na.., di panjang'keun umur kalayan sehat tur bisa ngalaksanakeun ibadah ka manten'Na.., nyaeta sholat nu lima waktu, ..dipasihan nikmat iman.., nikmat islam sinareng nikmat ibadah..

Aamiin ya'robbalalamiin... 🙏

Pak Syamsudin (Kanit PTI)
Sat.Pol-PP Kab.Kuningan


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: "Ramadhan di Masjid Syiarul Islam Kuningan" Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan