728x90 AdSpace

14 Agustus 2018

Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 2)

“Nu Ragrag Na Sagara Cahya” merupakan cerita bersambung berbahasa Sunda PERTAMA di suarakuningan.com. Selamat mengikuti.

Sinopsis: Nu Ragrag na Sagara Cahya (Carbung 4 Bagean)


Sateuacanna: Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagean Kahiji) 

Ku: Mang Ukas Noléd
Di sisi lembur Cikuniang, persisna di tatar handap béh kalér wewengkon Gunung Pataka, di buruan tukang imah bilik ngupuk, lalaki ngora keur tonggoy meulahan suluh. “Jumad ! Cik sakeudeung kadieu. Pangmenerkeun panyawèran sisi kulon. Ecagkeun heula suluh mah !”, aya sora nyalukan manéhna.“Mangga Aki,” si lalaki némbalan bari terus nyampeurkeun.

Pamuda saumuran 30 tahunan nu ngaran Jumad téh nyampeurkeun ka nu ngageroan, hiji kokolot di éta lembur nu nelah Aki Suhanta. Jumad ngajéwang tarajé di juru pawon, teu lila terus kalacat naék menerkeun panyawèran imah nu katingali rada déngdék alatan aya kai nu geus rada bobo.

Bari ngabaheuhay dina balagbag, Aki Suhanta ngaberewek ngomongkeun sagala rupa ka Ki Jumad anu anteng menerkeun panyawéran. Ti mimiti urusan domba nu can ngajuru, usum paila tahun kamari nu ngures leuit, warang nu labuh na paranjé émbé, jeung réa-réa deui.

Ki Jumad teu némpas, anteng mapayus panyawéran, ngan sakali-kali ngalieuk ka Aki Suhanta bari unggeuk-unggeuk-an tandaning manéhna daria ngabandungan. Kurunyung teh Nini Inot kaluar ti pawon bari nanggeuy baki. Kasampak di luhurna aya ci kopi hideung ngebul dua batok, katambah bubuy sampeu nu konéng semu geseng karék ngangkat tina hawu, meleték cekah katénjo jerona hipu, bari ngebul panas pikabitaeun.

“Aki, asa beuki heureut jeung seuseut atuh kahirupan téh, ti saprak Ki Gorda si raja bégal téa, jadi karaman tunggal di ieu wewengkon”, Ceuk Bi Inot bari sor ngasorkeun baki jeung sapuratina hareupeun Aki Suhanta.

“Meunggeus Ni, cumah diomongkeun gé, kuriak matak bengék putus harepan”, témpas Aki Suhanta.

“Jéh ulah kitu Aki-aki”, Nini Inot rada nyorongot.

“Yeuh reungeu ku dinya, geus dua tahun ieu éta bégal nurustunjung téh ngan naék-naékuen pajeg karaman deuleu. Tahun mangkukna mah ukur cukup ku béas dua bésék, naha tahun kamari mah bari kudu ditambahan ku anak domba sajodo. Béja ti Nyi Rumsilah, batur Nini nyeupah, ceunah tahun ieu rék ditaékun deui kudu ditambahan énéng (anak munding) hiji. Ilo ku didinya, kumaha rék teu diomongkeun jeung teu dipikiran? Geus puguh talajakna pohara ngaruksak padaringan rahayat. Sarua jeung rahayat sakabéh rék dititah paéh ngarayap. Meureutna alah batan pajeg dedet kompéni walanda deuleu. Naha rék diantep waé urang digunasika samodél kitu? Naha euweuh lalaki nu wani ngahareupan eta ulon-ulon di lembur ieu? Yeuh Ceuk Nini-nini péot model kuring, mun jadi lalaki, kajeun ngajepat ngajampana bangké ngalawan karaman modél kitu dari pada hirup teu eureun-eureun digaley harta jeung kahormatan ku jelema modél kitu !” Nini Inot tandes ngomong rada harus.

Aki Suhanta semu ngusap beungeut, rupana saking sumangetna, Nini Inot ngomong bari rada ngaruy ciduh ngemrat kana beungeut Aki Suhanta. Mun ceuk budak jaman now mah, sumanget Si Nini teh siga nu keur méré orasi alias pidato.

Ngadéngé pidato Si Nini, sajongjongan Aki Suhanta jeung Jang Jumad ngaheneng. Si Aki ngahuleng ngaragameneng, oge Jang Jumad nu keur pakupis ngararapih panyawéran ngadadak eureun terus nyabak tarang. Duanana rupana geus katunggel mamaras jiwana ku omongan Nini Inot.

Si nini ogé sarua, sanggeus rongkah mudalkeun omongan, terus jempé, tungkul bari ngahuleng melong kana balagbag kawak ku teuteupan kosong molongpong, siga nu putus harepan.

Bari humandeuar, Aki Suhanta ngahudang nu keur rampak ngahuleng, “Dalah kumaha si Gorda jeung usung-ésangna estu boga élmu dugal nu luhung. Geus loba nu nyoba ngalawan mesat wewesén, tapi euweuh saurang ge nu teu tumpur. Kabéh perlaya tumekaning pati. Tapi bener oge ceuk Nini, nepi ka iraha urang rék kawas kieu. Rék kieu waé nepi sapaéhna? Dipikir-pikir bener ogé, tinimbang paéh ngarayap ditincak batur kajeun paéh saharita, kasoran berjuang ngabéla diri.”

Aki Suhanta ngajengkat bari rada tanggah, “Jumad turun heula euy...kadieu reureuh heula bari ngajabur bubuy sampeu jeung Ci Kopi “Téjéh kuda kuningan”, moal teu dedeuieun geura !” “Mangga Ki”, tembal Jumad tihandapeun Aki Suhanta. Sihoréng manéhna geus candukul nagog sagigireun balagbag bari gegeber ku iket kucel, rasa hareudang meureun.

“Aéh, geuning teu kedeléh turunna ilaing euy. Sok kadieu ka luhur, urang ngopi. Nini meunggeus tong hulang-huleng kitu, gésér anggur mah, Jumad sina hanjat. Ké rérés ngopi gawé deui nya Mad.”

Jumad némpas, “ah da tos bérés Ki, kantun diroris ku Aki, bilih aya nu kirang.” Kutan? Hadé pisan digawé teh Jang, tangginas. Percaya pagawéan ilaing mah, salila ieu tara nguciwakeun. Sok atuh hanjat.”

Karék gé Jumad rék ngalacat, kowowong téh aya nu ngagoak ceurik ti suhunan peuntas kidul, “Haruuh na mani kabina-bina teuing kejemna maraneh ! Gusti tuluung abdi, ampuun, banda kuring ngan sakieu-kieuna rék dibubud ku maranéh ! Ampuuun, tuluung!” Korejat Aki Suhanta nangtung. Jumad rungah-ringeuh burung hanjat.

“Aki éta sora ti imah Ki Ebo jeung Nyi Rumsilah. Buru ténjo kaditu, bisi kumaonam!” ceuk Nini Inot bari hariweusweus. Gajleng Aki Suhanta luncat, bari teu poho ngiwat bedog nu ngagolér na palang dada.

Berengbeng manehna lumpat ka kidul muru imah Ki Ebo nu ngan kahalangan ku walungan Cirampéol jeung hunyur awi. Srog ka buruan imah Ki Ébo, kasampak aya jelema jarangkung badag nyarorén bedog ngaronom Aki-aki jeung Nini-ni nu keur naragog bari rawah-riwih. Beulah tukang, katénjo nyanghunjar Jang Gojim anak Ki Ebo, humaregung nyekel tarang nu baloboran getih.

Hareupeun tepas kasampak loba barang nu awur-awuran pabalatak: paré, kacang banten, suuk, jeung sajabana. karung jagong pasoléngkrah, jagongna mayak teu puguh rupa balas nincakan. Panto imah jeung leuit ambrol tapak naragal didobrak paksa.

Rupana, Ki Ebo jeung kulawargana karék digunasika ku genep jelema éta. Tina rindat jeung léléjégna katingal kejem taya ras-rasan.

“Astagfirulloh, na aya masalah naon Ki Ebo, bet boga urusan jeung usung-ésangna raja bégal Ki Gorda?” gerentes Aki Suhanta, bari buru-buru nyampeurkeun nu keur ngarubung. Nyap, Aki Suhanta ngalenyap, manéhna nenjo salah sahiji usung-ésang Ki Gorda nyabut bedog tina sarangkana rék diheumbatkeun kana beuheung Ki Ebo.

Aki Suhanta, kasebut urut jawara keur ngorana, teu ngengkékeun deui gajleng luncat satakerna ngajéwang leungeun nu rek mapaskeun bedog, kepp!” leungeun katéwak, puraét diparékoskeun make jurus purilit gawir, “Ajauuuu nyeri kéhéd !” nu rék ngadék téh nyorowok nyerieun. Ketepluk bedogna ragrag, terus disépak dijauhkeun ku Aki Suhanta.

Nénjo peta Aki Suhanta kitu, Sérépét…! sérépét…! Babaturanna nu lima-an maresat bedog bari nyerenteng ngepung Aki Suhanta. “Ké..ké..keheula agan-agan...sing salabar heula, kuring dulurna Ki Ebo, ukur aki-aki tujuh mulud, teu hayang riributan..nanaon gé bisa diobrolkeun, ulah nepi ka dulur kuring jadi caduk rajapati.” ceuk Aki Suhanta ngarerema nu rék ngamuk.

“Aing Ki Jenuk geus mutuskeun si Ebo kudu modar ! Sabab geus wani-wani dua kali nyumputkeun sawaréh barang nu kuduna jadi pajeg karaman keur Ki Gorda. Manéh, aki-aki nurustunjung, mun ngahalangan sakalian milu modar jeung dulur manéh!” tandés salah sahiji nu ngaranna Ki Jenuk nu jadi gegedug jelema genepan téa.
“Génggong ! Karjum ! Telasan si Ebo tong diengkékeun ! Paréntah Ki Jenuk ka dua baladna, teu méré engap ka Aki Suhanta pikeun ngomong deui.

Gajleng...gajleng.. dua karaman ngarontok Ki Ebo bari ngalugas bedogna séwang-séwangan...Aki Suhanta reuwas kacida, teu nyangka ieu gorombolan bégal teh teu méré luang saeutik gé keur badami. Euweuh deui pilihan manéhna kudu nadah pangjorag éta dua jagal, saméméh katalanjuran nandasa Ki Ebo. Ngan orokaya, karék gé ngésér kuda-kuda, sérépét bedog Ki Jenuk ngalayang ti gigir kénca ngarah iga burung Aki Suhanta.

Aki Suhanta ngalenyap, sakilat manéhna nongtakeun awak dua léngkah katukang bari ngelokeun beuteungna. Wuuukk!...sora bedog Ki Jenuk ngeplos mapas angin matak paur anu nénjo.

Can gé netegkeun kuda-kuda, sebrutt dampal suku Ki Jenuk nyusul tepus caréham Aki Suhanta maké jurus susun totog linggis, nyaéta tajongan merekpek tilu rintakan sakaligus, jekok ! ...Jebrodd ! Jebéttt !...hiji kana caréham, nu kadua kana dada, nu pamungkas kana beuteung.....Tobaaattttt !!!...kalayang awak Aki Suhanta ngalayang satangtung panyawéran, sanggeus hiber kira-kiru dua tumbak... gedebuttt ! awakna ninggang lemah nengel pisan, lenggerek Aki Suhanta kapaéhan teu inget di bumi alam.

“Aki-aki kasebelan, geus bau taneuh ngadon ngajago”, gerendeng Ki Jenuk bari ngabuskeun bedogna kana sarangkana.

Bari malik katukang ka lebah balad-baladna, Ki Jenuk nyorowok, Genggong ! Karjum ! meunggeus dicacag wewelek si Ebo teh ?” Gebeg.. manéhna ngagebeg kasampak tilu baladna keur ngaronom dua jelema nu ngajurahroh baloboran getih bari jeung teu empés-empés.

Sihoréng nu ngajongkéng duaan téh si Génggong jeung si Karjum nu tadi dititah nelasan Ki Ebo. Ki Ebo na sorangan teu kunanaon, masih hirup andiprek pasrah bari tungkul nyekel sirah cirining geus teu walakaya.

“Hah ! nanaonan siah bet kalah ngagalolér kitu !” sentak Ki Jenuk bari ngagajleng nyampeurkeun.

Salah saurang baladna nu ngaronom némpas, “Aya nu ngabongohan Ki ! tadi pas si Ebo rék ditigas ku dua-an, teu pupuguh aya popongkol kawung ngabelesur ti beh hunyur awi, nu hiji nyamber tarang si Genggong, nu hiji deui ngagitik careham si Karjum, nengel pisan nepi duana kapaehan kawas kieu.”

“Belegug siahh, montong diantep geura téangan atuh wewelek nu ngabongohan téh, geura sasa-ak ku gobang sia !” Ki Jenuk ngagantawang ambek kacida. Can gé tuus biwir, belesur ti lebah hunyur awi aya nu nyérépét sakilat ka palebah salah saurang balad Ki Jenuk, “Aaaaaaakhh !!! jinisna ngaharekeng bari leungeunna tipepereket dina dada nyekel barang nu ngabelesur téa.

Sihoréng nu ngabelesur téh pager hinis nu seukeut, nancleb jero dina dada balad Ki Jenuk. Gubrag !! kusek !!  jinisna ngagubra bari terus teu empés-empés, duka kapaéhan duka paéh enyaan. Ki Jenuk jeung baladna nu tinggal nyésa dua-an ngoréjat bari terus mencrong ka palebah hunyur awi kaléreun imah Ki Ebo.

Can gé taki-taki mérésan pasangan galungan, sérépééééttt ! siga aya kalangkang nu hiber ti handapan pucuk awi, nyirorot ka palebah maranéhna, Jebrooodddd...! Jebrodddd ! ukur sajorélat éta kalangkang ngagitik dua sésa balad Ki Jenuk...kalayaaang....gebroooo !! koleaaaanng...gujubarrrrr !!! nu hiji mangpéng ka pipir leuit Ki Ebo nepi ka amburasut papan jeung kenténgna, nu hiji deui ragrag kana sumur burung nu aya sagigireun imah Ki Ebo.

Teu menyat deui. Si Kalangkang téa, sanggeus ngagitik nengel dua bégal, kalayan teu kungsi nincak taneuh, terus ngajaul hiber kaluhureun imah Ki Ebo, saterusna clé !...waéh...napak dina wuwung imah Ki Ebo. “Haram jadah, mangkeluk nanahaon eta? Can pernah saumur-umur aing dugal manggih gerakan nu cepetna modél kitu. Lain sétan kitu?” gerentes Ki Jenuk bari mureleng teu ngalepaskeun panenjo tina kalangkang téa.

Sajongjongan kaayaan simpé, Ki Jenuk salah sahiji jawara andelan Ki Gorda nu geus asak warah dina galungan jeung kadugalan dumadak ngeleper kaluar késang tiis. Saumur-saumur ngandar-ngandar jadi bégal karék ayeuna Manéhna ngarasa sebér, inggis sieun kasoran.

Karék kiwari manehna manggih lawan anu linghas jeung gitikanna rongkah kacida. Pikapaureun. Lima balad andelanna nu lain jelema samanéa ngagaglolér teu manggapulya saharita ukur ku tilu geprakan. Kasampak leuwih teges ayeuna mah ku panénjo Ki Jenuk, si Kalangkang teh sihoréng jirimna sarua jelema ogé.

Eta jelema diteregos make pakéan sarwa hideung, sila tutug siga nu ngeunah dina luhur suhunan imah Ki Ebo, bari mencrong ka Ki Jenuk di handap. Ki Jenuk ngagerentes bari tetep tanggah mureleng ka jelema éta.

“Cilaka dua welas, saha ieu jelema téh atuh? nénjo rindat seranganna tadi, lain jalma samanéa. Kasakténa tangtu luhur kacida. Salila nuturkeun Ki Gorda aing can pernah panggih jeung layan tanding model kieu. Aing sebér ogé ngahareupanana. Aing can siap mun kudu paragat nyawa ayeuna. Kumaha alusna nya? lawan Atawa aing mabur waé sugan?” Ki Jenuk aya dina mangmang nu kacida, manéhna teu yakin mun kudu bitotama jeung jelema nu kasakténna kawas kieu. Ku sieun jeng sebér nu pohara, teu karasa leungeunna nu keur pageuh nyekel pérah bedog ngeleper geugeumeueun, siga nu keur ngadégdég panas-tiris. Komara jawarana luntur, singa alas ujug-ujug robah laku siga cacing cau....cag ! (Nyambung) 
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 2) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan