Hot News
12 Agustus 2018

Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagean Kahiji)

“Nu Ragrag Na Sagara Cahya” merupakan cerita bersambung berbahasa Sunda PERTAMA di suarakuningan.com. Selamat mengikuti.

Sinopsis: Nu Ragrag na Sagara Cahya (Carbung 4 Bagean)


Ku: Mang Ukas Noled

Ci ibun can pungkas tuus...gorobas, gorobas tilu jelema semu rusuh tuturubun di tonggong gunung Pataka, muru lengkob beulah kidul nu masih meredong, kahieuman hunyudan kai nu meh jaranggotan. “Jaen ! Kula datang, rek ngiwat pati ilaing !...geura papag, kalayan samakta pakarang !” ceuk salah saurang nu lempang panghareupna. Dedeg pangbadagna, kumis baplang sangga dulang, leungeun ting berendil sepiran. Na cangkeng katuhu bedog panjang nyolegreng, perahna ukir naga calawak.

Gajleng tiluanna ting garajleng kaluar tina rungkun sisi kaler, napak kana tegalan jukut leuweung nu ampah taya tangkal ngahalangan. Legana meujeuhna rubak, kira2 saukuran tilu kotakan sawah. Kasampak di sisi beulah kidul geus aya lalaki ngabedega sidakep sinuku tunggal. Pakean sarwa hideung, diiket barangbang semplak, totopong kelir purwakarta-an. Sorot panon seukeut neuteup ka jalma tiluan nu karek daratang.

Bari nyekel perah bedog nu nogel na cangkeng kenca, Lalaki teh ngomong kalayan teugeug, “Kula didieu nungguan maraneh ti wanci balebat. Sugan teh mumul moal jadi adu harepan jeung kula. Sok ! Ayeuna naon kahayang maneh Gorda?” Ki Gorda, lalaki pangbadagna tea diantara nu tiluan, nu tadi nyorowok, nempas, “Jaen ! Aing rek ngabalikan deui tawaran saminggu katukang. Maneh taluk ka Aing, terus masrahkeun tilu lembur kakawasaan Maneh, tanwande maneh bakal salamet katambah diangkat jadi salah sahiji jawara andelan kula. Sabalikna mun ngabahula, maneh paragat moal dibere ampun !” Lalaki nu disebut Jaen, nyerengeh peuheur.

“Hehe..euweuh ti dituna deuleu Kula kudu taluk ka wewelek maneh. Aya ku sarakah maneh. Geus ngawasa salikur lembur, masih keukeureuweut hayang ngajabel wewengkon jajahan kula. Batan mere, kajeun ajur awak bitotama jeung maraneh !” bari terus rengkenek teh Ki Jaen mere pasangan suliwa. Mata mencrong molotot ka nu tiluan. Ciri ning manehna geus siap ngajak tarung, nyekel sabuk milang tatu.

“Teu boga polo sia ! Dibere luang hirup kalahka milih modar ! Jagur, gitik ku maneh !” Ki Gorda nempas bari nitah salah sahiji badega-na narajang nelasan ki Jaen.

Seaak, Si Jagur luncat narajang bari ngaheumbatkeun bedogna ngarah beuheung ki Jaen. Lok, ki Jaen kalayan linghas ngelok bari sajorelat notogkeun sikuna kana iga burung si Jagur, heup ah! Jekokk…! Solontood gorobass...haduuhhh..! si Jagur ngagerung bari terus ngusruk satarikna kana rungkun bala. Nenjo kitu Ki Gorda nyorowoknyentak nitah ka baturna nu saurang deui, “Rajet ! Montong diantep perenan ku maneh !...sebrut Ki Rajet narajang ngaheumbatkeun bedogna ngarah bincurang Ki Jaen.

Ngan orokaya Ki Jaen lain jawara samanea, manehna sakilat melenting luncat ka tukang, bari nyolong ngajejek careham Ki Rajet satakerna...Jekokkk !!! Sora tungtung dampal suku nengel ngagitik tulang careham… Aakkkhh !

Ki Rajet ngadangheuak bari terus ngadayagdag ka tukang...awakna ngabanting ka tukang meh-mehan neumbag Ki Gorda, nu sakilat ngajengkat ka kenca. Gusraaakk...Ki Rajet ngabebengkang bari baloboran geutih dina beungeutna. Teu hudang deui. Anapon Ki Jaen, kasampak geus ajeug deui kuda-kuda, make pasangan bendungan..neuteup seukeut ka Ki Gorda bari nyerengeh semu nguntup.

“Jaen, mun sia bisa lolos leuwih ti tilu jurus, aing ngaku eleh !” Ki Gorda kukubuk, bari terus ngarengkenek mere pasangan kelid. Jorelat, sakilat ki Gorda geus ngalayang bari notogkeun suku katuhuna lempeng ngarah kana angen Ki Jaen. Reuwas teu nyangka bakal nampa panarajang nu sakitu cepetna.

Ki Jaen teu sempet nyingcet, ukur nahan ngarungkup dada ku dua leungeunna...Jebroddd !!! Dampal suku jeung dua lengeun nu sarua wewegna diadu satarikna. Sorodooooottt….Awak Ki Jaen ngagulusur ka tukang kalayan masih ajeg dina kuda2 na.

Cle, Ki Gorda geus napak deui kalayan ajeg madep ka Ki Jaen. Ku tarikna panarajang Ki Gorda, Kurang leuwih 10 meter Ki Jaen kadeseh ka tukang. Sajongjongan manehna ngarenghap narik napas ngarasakeun teuasna panggitik Ki Gorda, bari ngaleungitkeun kaseuseul.

Orokaya Ki Gorda teu mere rineh, seakk manehna narajang deui bari mesat bedog panjangna rek nunggel beuheung Ki Jaen. Lokk..Ki Jaen ngelok bari sajorelat mesat bedog tina cangkengna. Rupana Ki Gorda mere jurus susun tipuan, kalayan sakolepat bedogna dipengkolkeun ngarah ngabeset kana beuteung Ki Jaen nu geus kaburu ngelokkeun awakna, sreeeettt !....bereweekkk !...Aaaakkkhhhh…! Gubraagg ! Sora awak ngadebut kana lemah.

Dua jurus nu dipintonkeun ku Ki Gorda jeung Ki Jaen meh-meh teu katuturkeun ku panon, ku sabab cepet jeung linghasna. Sareresna, kasampak Ki Gorda angger ngabejega bari ngasuokeun deui bedogna kana sarangkana. Di hareupeuna, Ki Jaen numpra, ngusek ngaleupas ajal bari baloboran geutih sa awak-awak. Teu lila menehna geus jadi layon ngajampana bugang. Paragat bedah beuteung ku Ki Gorda, Jawara Rajana Rampog di wewengkon Gunung Pataka.

Teu lila beja pa beja-beja. Iber geus nerekab di sakabeh pilemburan jeung dayeuh nu aya di sabudeureun Gunung Pataka. Yen.. Ki Gorda, jawara gerot geus jadi gegedug tunggal rampog di wewengkon Gunung Pataka. Hiji-hiji jawara nu ngalawan atawa nangtang kakawasaanna palastra ditelasan di campuh bitotama.

Nu pamungkas nyaeta, lawan nu dianggap layan tandingna, Ki Jaen, geus tumpur ngaleupas nyawa dina tarung teu leuwih ti tilu jurus. Ti harita, rahayat nu awalna geus teu genah tumaninah ku lobana karaman jeung gangguan. Mangkin nambah mahabu kamelang jeung kateu tenangna. Ku sabab, boga rasa geus euweuh panghalang, ki Gorda jeung usung-esengna beuki sakahayangna ngagalaksak meres panghirupan rahayat wewengkon Gunung Pataka. Kakejemanna ka rahayat tambah maceuh teu ka ampeuh. Cag ! (Nyambung).

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagean Kahiji) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan