Hot News
30 Mei 2016

Artikel: Lieur

Ku: Bung Jon's (Sujono)

Suarakuningan.com - Lamun urang nitenan aturan jeung pelaksanaan kagiatan pamarentahan boh di luhur boh di daerah asa matak lieur kana sirah. Teu puguh naon - naonna nu bisa nyugemakeun ka masyarakat hususna masyarakat nu aya di palemburan.

Nu jadi bangbaluh ati jeung kaheran kuring dina waktu ayeuna teu aya deui anging masalah "PASAR" nu aya di Kuningan.

Aya beja nyen Pasar Baru sabada di rehab anu megah kacida ternyata dina kahirupan sapopoena seuseut seuat (sepi), aya beja kitu mangsukun nyobaan nongkrong di pasar Baru, ternyata bener nu balanja  katingalina cingkulampreng hiji dua eta oge sabagian gede nu mareuli sayuran, jarang pisan nu mareuli pakean.

Aya beja selenting bawaning angin kolepat bawaning kilat yen di puseur kota baris diayakeun bazar anu di ayakeun ku perusahaan nasional nu bergerak dina bidang usaha pakean.
Nu matak jadi lieur pikeun kuring naon sababna Pamarentah Kabupaten bet mere ijin kana eta kagiatan, naha teu di pikir kumaha nasibna para padagang pakean nu jualan di Pasar Kepuh jeung Pasar Baru ?

Kuring ngobrol jeung sababaraha urang padagang nu aya di pasar kepuh tetela maranehna nungguan pisan datangna bulan puasa anu di tungtungan ku poe lebaran. Gede pangharepan kusabab dina bulan puasamah nu jualan pakean sok rada maremaan, soalna urang kuninganmah utamana nu aya di pilemburanmah meuli pakean teh sataun sakali nya eta ari rek lebaran bae.

Ayeuna harepan reuntas di tengah jalan, "mimpi indah" baris panggih jeung maremaan ngan jadi impian, kapotong ku konglomerat nu kolaborasi jeung pamarentah ngayakeun toko murah nu diganti judulna supaya rada katempo berperikemanusiaan nyaeta ku "B A Z A R".

Padahal supaya adil geus bae di kuningan di ijinan aya Mall supaya ngarasakeun sepina jualan pakean diba Sabelas bulan sejena, ulah jiga ayeuna ngan hayang milu maremana bae, abong nu leutik cek Doel Sumbang mah kacolok teh ku memencosna bae. Mana pedulina ka wong cilik teh nu araya mah wong licik bae pagulandang. Jiga enya rek nulungan sihoreng ngusapan teh bari ngadekek, oh.....nasib.***
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Artikel: Lieur Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan