Hot News
6 Oktober 2017

Ngaran-ngaran Kembang tina Bubuahan atawa Beubeutian

Kintunan: Kang Dodon*)


Ngeunaan basa :
Sakadar ngemutan bilih katarosan ku Incu, manawi waé aréhmut kénéh kana ngaran2 Kembang tina Bubuahan atawa Beubeutian dina Basa Sunda :

•Kembang Awi = Eumbreuk
•Kembang Bako = Bosongot
•Kembang Bawang = Ulated
•Kembang Bolang = Ancal
•Kembang Boléd = Téla
•Kembang Cabé = Bolotot
•Kembang Cau = Jantung
•Kembang Céngék = Péncéngés
•Kembang Cikur = Jelengut
•Kembang Eurih = Ancul
•Kembang Gedang = Ingwang
•Kembang Génjér = Gelenyé
•Kembang Hoé = Bubuay
•Kembang Honjé = Comrang
•Kembang Jaat = Jalinger
•Kembang Jambé = Mayang
•Kembang Jambu Aér = Lenyap
•Kembang Jambu Batu = Karuk
•Kembang Jarak = Uing
•Kembang Jéngkol = Mérékényényén
•Kembang Jeruk = Angkruk/Angkes
•Kembang Jotang = Puntung
•Kembang Kadu = Olohok
•Kembang Kalapa = Suligar
•Kembang Peuteuy = Pendul
•Kembang Kaso = Curiwis
•Kembang Kawung = Pengis
•Kembang Konéng = Badul
•Kembang Kulur = Pelepes
•Kembang Laja = Jamotrot
•Kembang Leunca = Pengit
•Kembang Limus = Seleksek
•Kembang Lopang = Cacas
•Kembang Muncang = Rindul
•Kembang Paré = Ringsang
•Kembang Salak = Sedek/Gojod
•Kembang Sampeu = Dingdet
•Kembang Taleus = Ancal
•Kembang Tangkil = Uceng
•Kembang Terong = Moncorong
•Kembang Tiwu = Badaus
•Kembang Waluh = Aléwoh

Prinsip Hirup dina Basa Sunda:

1. Hirup kudu jiga Jagong, ulah jiga Jambu Monyet. Jagong mah sanajan sikina loba tapi dibungkus rapih, teu jiga jambu monyet, mamerkeun siki anu ngan hiji-hijina.
*Hartina jadi jalma ulah sok pamer.

2. Hirup kudu jiga Duren ulah jiga Kadongdong. Duren mah sanajan luarna pinuh ku cucuk, tapi jerona lembut jeung amis, teu jiga kadongdong luarna lemes tapi jerona kasar jeung rasana haseum.
*Hartina alus gorengna jalma teu bisa ditingali ti luarna wungkul.

3. Hirup kudu jiga Bangkuang. Sanajan aya dijero taneuh nu kotor, tapi eusina bodas beresih.
*Hartina kudu pinter ngajaga diri ulah kapangaruhan ku lingkungan.

Wilujeng enjing sahabat***

Penulis adalah Dodon Sugiharto, S.Pd.,M.Pd. - Kabid Kebudayaan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

1 comments:

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Ngaran-ngaran Kembang tina Bubuahan atawa Beubeutian Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan