Hot News
30 Maret 2018

Puisi: Kanu Kungsi


ku: Yudi R Sudirman (Wartawan Senior)

Kanu kungsi ngaratu di panengah kolbu
Nu minuhan eusi carita mangsa lalajangan
Nu sihoreng gan sapaliwatan
Teu nyumponan ngagunungna paniatan
Ayeuna teu kudu majar hanjakal
Da ku salira katresna sirna
Lalangse minuhan hate, angkeub poek pinuh ku kahoncewang.

Kanu kungsi jadi bulan nyaangan pangimpian
Nya harita aya bagja bisa ngarasa jadi arjuna
Tapi nya ku anjeun bulan disumputkeun
Dina mendung langit Bandung
Antara Binong – Cimenyan, sagala nembrak narembongan
Gudawang raheut nyaliara, hamo boa nepi sirna
Sanajan nyawa pisah jeung raga.

Kanu kungsi jadi puspa ngawarna na kahirupan
Nya salira nu balaka, buntuna jalan kahayang pikeun urang duaan
Sabab di puseur manah salira, geus datang raja nu nyata
Bari nambah gupay pileuleuyan
Keur kuring nu teuleum dina sagara jerit jempling

Ka nu ayeuna datang nyaba
Ngajak malikan mangsa katunda
Ngahadean sagalana, bari wakca sagala kahanjakal
Gan dunya boga carita, hariring kuring geus aya nu nyangking
Handeueul nu keteleban, geus kaganti jati nu pasti
Rohangan taya lolongkrang

Pikeun salira nu punah saanggeusna kuring sumerah
Ayeuna dangding nu nyanding
Lain puspa reuma nu baheula nyaliara
Tapi Hawa ti sawarga, nu ka kuring estu rela
Mawa bagja salawasna
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Puisi: Kanu Kungsi Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan