Hot News
14 Maret 2022

Isuk Isuk di Car Free Day Tamkot Kuningan

 


Lain hayang pamer atawa eksis ngajak Angel (Meong geulis) ka car free day di Tamkot. Saenyana memang hayang ngajak ulin Angel karunya cicing di imah wae mah bisi stres. Sarua ucing oge kos jalma bisa ngalaman stres lamun geus datang bosenna. 


Angel mah geus jadi anabul abdi. Bisi aya nu teu apal artina anabul nyaeta Anak Bulu. Lamun geus dipiara otomatis jadi anabul ulah dibedakeun, ucing oge boga perasaan bungah, sedih, nyeri peurih lamun ditajong. Intina lamun geus jadi anabul kudu dijamin kasehatanna, parabna, gizi vitamin, protein,  jeung kasalametanna. Da sarua geus jadi anak kaluwarga.


Kabanggaan sorangan ngajak ulin anabul salian sarua bungahna nu utama ngajarkeun barudak supaya gaduh rasa nyaah ka sato jeung alam lingkungan. Nu paling penting mah didikan kolotna. Tingkah polah budak teh eunteung tina didikan kolotna sorangan.


Bule Ngacaprak,

SuaraKuningan.com


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Isuk Isuk di Car Free Day Tamkot Kuningan Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan