Hot News
20 Desember 2017

Darmaloka

Ku: Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )


Dua puluh taun katukang kuring nganjang ka Darmaloka téh, ayeuna kakara deui nganjang ka dinya. Gusti sugan téh angger kénéh caina beresih, laukna riab, ngaguruyuk, pagulung-gulung, komo lamun diawuran ku parab lauk has darma─siki hanjeli.

Ari ayeuna. Deudeuh teuing geuning ruksak, deuleu ituh runtah patulayah, caina ukur ngagendang, laukna … pikarunyaeun. Nya ka marana? Dina balong landeuh lauk ukur ngulampreng, teu ngabubuhan jiga 20 taun katukang. Enya geuning parebut jeung manusa anu teu boga rasa. Padahal ceuk mitos Darmaloka téh saksi sajarah. Sajarah babad jaman Prabu Siliwangi.

Aya kénéh éta ogé dina balong Beulah girang, laukna masih kénéh rabul tingalabring tapi éta (lauk déwa atawa kancra bodas) bet semu aralum teu rancingeus saperti 20 taun katukang. Lain cenah, “dahareun kuring ayeuna mah lain hanjeli, jagong, atawa suuk. Ayeuna mah dibéré roti” Kitu ceuk lauk, bari semu dareuda─mun téa mah kadéngé. “Ari kuring rék diarurus moal?” meureun kitu pibasaeunana lamun éta lauk bisa nyarita saperti manusa.

Deuleu ituh pipah paralon mani paturanjeng, pabalatak acak-acakan. Lain wungkul pipah cai boga masarakat Darma anu kitu téh, manahoréng pipa bogana PDAM ogé padu ngagoler waé, teu dirapih-rapih. Ti sungapan pipa cai anu paturanjeng téh mimitina. Kulahna saat, padahal eta kulah téh enggonna beunteur, pan disebutna gé balong beunteur. Ari ayeuna, balong beunteur ngoléntrak, caina saat, kalindih ku tingjarepatna pipah paralon anu pasesedek. Beunteurna duka ka marana.

Obyek wisata alam, budaya, jeung sajarah cenah Darmaloka téh. Naon nu bisa dijual? Hiji hal anu perelu perhatian. Pengelolaan kudu professional.***

Penulis adalah: Pengawas Sekolah, Dosen, Budayawan, Pengisi Kolom Media, Seniman, Anggota Tim penyempurnaan Aksara Sunda KA GA NGA.
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Darmaloka Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan