728x90 AdSpace

20 Desember 2017

Dongéng‬: Kuwu Baraja


Ku Hyang Purwa Galuh (Drs. Dodo Suwondo, Msi)

Di wewengkon Gandasoli, Désa Jabranti Ciwaru, Kuningan, aya hiji makam tonggoheun Situ Cirombéng, nu katelah makam Ki Baraja, Kuwu Cipayung. Kieu dongéngna.

Jaman baheula, kacaturkeun di hiji lembur nu katelah urang sebut wé Désa Cipayung. Éta  lembur dikuwuan ku Ki Baraja. Ki Baraja katelah kuwu anu pangbeungharna di éta wewengkon. Hartana lubak-libuk, bru di juru bro di panto téh lain bohong, éstuning salieuk béh. Tapi korét jeung meditna éstuning béakeun ku sorangan. Ka rahayat tara pisan maliré, komo barangbéré mah. Rahayat ukur diparéntah bari ngan diarah tanagana wungkul. Lamun aya rahayat baha kana paréntah, geus pasti meunang hukuman, mudu jadi patok balé sapopoé bari jeung teu dahar teu inum.

Dina hiji poé Ki Baraja kadatangan sémah, hiji aki-aki anu katénjona geus kolot bari jeung rérémpo. Papakéanana ogé katénjo rarudin pisan. Manéhna ménta nginum ka Ki Baraja, tapi lain dibérè, éta aki-aki kalah dititah nginum ka pancuran. Mana komo ménta dahar, kitu deui teu dibérè.

Éta aki-aki pok uluk salam ka nu aya di dinya, anu kabeneran Kuwu Baraja keur nyampak, dibaturan ku sababaraha urang badégana.

“Sampurasun. Asalamualaikum!” Ceuk Si Aki.

Rampés, waalaikumsalam!” Ceuk nu araya, iwal ti Kuwu Baraja anu teu lémék sakemék-kemék acan. “Nu ti mana Aki téh, anyar pinanggih?” tanya pribumi.

Ti lembur jauh, Ujang. Dongkap ka dieu aki téh sakaparan-paran, nuturkeun indung suku. Mun Si Ujang percanten mah Si aki téh éstuning jalma malarat masakat, lieuk euweuh ragap taya. Hirup nyorangan, jauh ka sintung kalapa, teu baraya baraya acan. Susuganan waé aya anu haat asih ka aki, keur sakalieun neda ayeuna.” Omong éta aki-aki nari ngusap kesang na tarangna.

Kutan kitu, Aki?” ceuk nu saurang.

“Nya kitu Asép, hirup aki ngan ukur ngandelkeun kanyaah deungeun. Atuh manawi aya cai saregoteun waé, sakalieun maseuhan tikoro. Ieu aki hanaang, ti énjing tacan kararaban nanaon.” Si Aki lumengis.

Ngadéngé kitu, Kuwu Baraja anu ti tatadi meneng waé, teu lémék teu nyarék, tuluy curinghak bari pok nyarita: “Euweuh Ki, di dieu mah, boro hingga dahareun dalah cai bari ogé moal dibikeunan ka nu euweuh gawéna. Nya geus gawé naon Si Aki?” Omong Kuwu Baraja garihal.

“Ih, atuh Asép cai saregot mah landong hanaang. Sanggem paripaosna mah wios ciatah ogé.” Ceuk éta aki-aki bari lumengis.
“Aya tuh ciatah mah di pancuran!” Ceuk Kuwu Baraja bari nunjuk ka lebakeun imahna. Nu araya ukur silih rérét papada baturna, bari haténa mah kararunyaeun ka éta aki-aki. Ngan teu kongang. “Jig kaituh, nginum saseubeuhna!” Pokna deui, Kuwu Baraja.

Antukna mah éta aki-aki ngaléos ninggalkeun imah Ki Baraja.

Si Aki leumpangna muru ka Gunung Tilu, nu aya di wewengkon Cipayung.

Ngan aya anu anéh bin ajaib waktu Si Aki indit. Aya kajadian nu matak ahéng keur Ki Baraja jeung baturna nu araya di imahna. Sainditna éta aki-aki, karèk gè tilu lèngkah ti imah Ki Baraja. Imah ngariyeg, bumi alam ginggeung tarik nakeran. Kawas aya lini.

Ki Baraja ukur bisa ngahuleng tur sewak (= soak). Can gé leler kasewakna, poé anu tadi caang béngras bet ujug-ujug angkeub,  reueuk poek. Kilat tatit patingbarasat, disusul ku dordar gelap ngaguludug tingjelegur. Tapi hujan henteu turun, ukur sora ngaguruh matak geueuman.

Éta lembur ngaburusut gèyon (= emboy), nyeblok, neundeut, lila-lila ngabentuk ngajadi legok. Cai ngaburial tina jero taneuh datang ka ngagulidagna minuhan léngkob anu pamustunganana ngeléb ngajadi sétu. Imah Ki Baraja jeung éta lembur kakeueum, ku cai anu ngemplang. Nu nyèsa di palebah imahna Ki Baraja ukur dudukuy laken anu biasa dipakè sapopoé ku Ki Baraja.

Sanggeus èta lembur jadi situ, di tengah-tengah situ cai anu ngaburial muter kawas puseran marengan mucunghulna kuya. Ti harita èta lembur disebut lembur Gandasoli. Ari jasad Ki Baraja nepi ka kiwari teuing ka mana.

Kiwari sétuna jadi tempat panguseupan. Padahal éta tempat kawilang sungil. Malah réa nu sok ngawénéhankeun kuya kaluar, némbongan ti tengah-tengah sétu. Kadang-kadang di sabudeureun situ sok kaambeu bau hangru. Di tonggoheun situ aya temapat sarupa makam, cenah mah makam Ki Baraja. Kitu kapercayaana urang lembur èta. Padahal éta mah ukur kuburan dudukuy lakenna. Tapi sanajan sungil ogé nu loba nu daratang nguseup mah ti lembur sèjén, malah ti isuk nepi kapeuting.***

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Dongéng‬: Kuwu Baraja Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan