Hot News
4 Desember 2017

RADÉN DÉWI SARTIKA (R. Machyar Anggakusumadinata)


Kintunan : Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )

Mieling Radén Déwi Sartika (gumelar di Bandung, 4 Désémber 1884 – tilar dunya di Cinéam, Tasikmalaya, 11 Séptémber 1947 dina umur 62 taun)

Kantun jujuluk nu arum,
kari wawangi nu seungit,
nyebar, mencar sa-Pasundan,
nyambuang sanusantara.

Sari puspa wangi arum,
seungit manis ngadalingding,
sari sekar nyurup nitis
kana sukma istri Sunda.

Teu kagambar ku rumpaka,
henteu kasanggi ku dangding.
Menggahing jasa-jasana,
Rahadén Sartika Déwi.

Huripna yitma rohani,
istri Sunda sadayana,
nya jasana Radén Déwi,
Ibu para istri Sunda.

Mugi-mugi ka Yang Agung
jasa-jasa Radén Déwi,
teras nyebar, teras mencar
nyaangan nagara jaman.

Jadi obor paraibu,
enggoning ngatik praputra,
sangkan jadi warga guna
nu ngajungjung lemah cai.
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: RADÉN DÉWI SARTIKA (R. Machyar Anggakusumadinata) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan