Hot News
17 Mei 2018

Éra Ku Gusti Alloh

Nanang (Nu Miharep Ridho ti MantenNa)
Nu Nulis: Sarjana Pertanian IPB, Sekretaris GAMAS Kuningan, Pemred Kuninganreligi.com


Asup ka wewengkon pasar, pas munggahan kamari, kuring ngahaneng sakedapan mencerong pabaliutna jelema nu meujeuhna sibuk ku kahayang. Kahayang ngaborong sakabeh eusi pasar geusan sasadiaan dahar saur kahiji di Bulan Puasa taun ieu.

Nu keur dagang buah diriung ku lobaan. Parahi nawar harga, alpuket, jeruk, melon, nepi ka salak. Padahal sasarina mah bieung saminggu sakali ge maranehna meuli buah-buahan. Sigana meungpeung munggahan, sataun sakali mah, kulawargana ngasaan dahar buah-buahan.

Nu keur dagang mangrupa-rupa daging, sapi, embe, hayam nepi ka lalaukan ti laut boh ti balong, sarua diriung ku ibu-ibu. Parahi nawar harga, sakilo daging nepi ka ratusan rebu oge ditebus wae, da jang munggahan tea. Padahal bieung teuing saminggu sakali ge maranehna meuli dadagingan. Biasana mah cukup ku lauk asin tanjan meunang meuleum oge geus cukup jang dahar dua kalieun sapoe sakulawargana.

Aya ku aneh puguh oge, naha bet pas Bulan Puasa mah, teu nu kaya teu nu miskin, bisa kabeuli kadaharan araraneh, kadaharan marahal. Ti mana rejeki maranehna teh nya?

Balik ti pasar, hawar-hawar sora pangajian bandung kuping di hiji masjid, nepi ka jejeding ceuli kuring. Kuring mareuman motor, cicing sakedapan di sisi jalan.

" Ibu-ibu, Sasih Shiyam teh sasih nu pinuh ku barokah. Barokah teh nyaeta tambah-tambah kaberkahan anu datangna ti Gusti Nu Maha Suci. Teu aya bedana, dina Sasih Shiyam mah, antara nu boga jeung nu miskin teh. Buktina sagala bisa kabeuli, sadaya bisa saur jeung buka ku kadaharan kahayangna masing-masing, " ceuk sora ustad nu mapagahan dina eta pangajian di masjid tea.

Teg, pikiran kuring nyawang deui kajadian di pasar tadi. Asa meneran pisan babasaan eta ustad jeung kajadian tadi di pasar. Bener, Bulan Puasa mah Gusti Nu Maha Suci nembongkeun Welas jeung AsihNa ka papada makhlukNa teh.

Tapi, da numutkeun pangajaran nu pernah ditampa ku kuring basa baheula milu ngaliwet di Mama Ajengan mah, Welas Asih Pangeran teh diturunkeun tiap detik ka mahlukNa. Eta wae, urang bisa hirup oge, pan alatan welas asih AnjeunNa.

Sigana dina Bulan Puasa Mah, welas asih Alloh SWT teh beuki tembong nya?
Bubuhan kanu rek paruasa, nu rek aribadah di Bulan Suci, Alloh teh numplekkeun nikmatNa.

Pan ari ibadah teh hiji bukti syukuran tina sadaya nikmat nu tos dipasihkeun  ti Gusti Nu Maha Suci. Puasa oge pan kaasup ibadah, malah ceunah, sarena jalma puasa oge dicatet ibadah, ceuk sapalih kaol mah.

Bener, lamun urang syukuran kana nikmat Alloh, tangtu bakal ditambah nikmatNa. Atuh sabalikna, pasti, lamun urang teu syukuran, mun dina Bulan Puasa mah teu puasa, teu taraweh, teu sodakoh, teu jakat, teu ngaderes Al-Qur'an, pasti Alloh oge moal nambah kanikmatan ka urang.

Eta wae, basa Bulan Puasa taun kamari, kuring manggihan jalma keur udud tengah poe, katempona teh siga nu parusing wae. Basa ditanya ku kuring: " Mang kunaon bet siga nu parusing? ". Pokna teh: " Amang mah bingung jang, usaha teu nambah wae bati teh, malahan rugi, jaba sakeudeung deui rek boboran, teu aya jang meuli baju budak, ".

Enya, si Mamang tadi kahayangna mah nyugemakeun kulawargana ke dina poean Idul Fitri ku pakean sarwa alus. Tapi da Si Mamangna dagangna bari teu puasa, atuh meureun, Pangeran oge ngaheulakeun nu paruasa heula mere nikmatNa teh.

Duh, kuring jangji ah, dina Bulan Puasa ieu mah, hayang rada bener ngalakonan ibadah teh. Era ku Si Mamang, bisi siga manehna. Jeung sieun ku dawuhanNa, yen mun kufur kana nikmat ti Gusti, tangtu azabNa oge bakal leuwih peurih jaga di poean balitungan.

Pan ari puasa teh kudu puasa sagalana nya, puasa tina dahar, nginum, puasa tina ngomong anu teu bener, tina ngomongkeun batur alias ngagibah, puasa leungeun tina anu lain hakna dicabak atawa dibawa ku urang, puasa suku tina ngalengkah ka jalan teu bener, puasa ceuli tina ngedengekeun nu teu uni anu lain hak urang, puasa mata tina nempo anu teu bener, jeung rea-rea deuina.

Ah, rek getol wae tadarus kuring mah, peupeuriheun sakali tamatan Qur'an teu bisa, nya ngadengekeun-ngadengekeun batur ngaji atuh. Rek getol taraweh, peupeuriheun, sholat dhuha, sholat tahajud mah tara da kebluk kuring mah. Nya atuh jakat fitrah mah da kawajiban, sataun sakali ngaberesihan awak, eta mah moal rek dilalaworakeun, sieun balukarna.

Rek rada sering cicing di masigit, susuganan aya nu mapagahan kana bener, da geuning di masigit pas Bulan Puasa teh sok loba acara taushiyah.

Duh Gusti, geuning loba keneh kakurangan dina diri kuring teh tina elmu agama, tina ibadah ka AnjeunNa. Pamundut abdi, dugikeun abdi ka Sasih Shaum taun payun mah, Gusti. Kuring hoyong nambihan sisimpenan amal ibadah, kanggo sampeureun jaga.

Lamunan kuring buyar, basa aya sora klakson motor satukangeun kuring, nu keur ngajanteng wae titadi ngadengekeun sora pangajian hawar-hawar. Motor diselah deui, muru ka momolo masjid nu katempo ti kajauhan. Rek nungguan Sholat Ashar.***
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Éra Ku Gusti Alloh Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan