Hot News
12 September 2021

Basa Sunda Keur Nganti Dawuh

 ku: Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )



Aya pangalaman anu matak wirang, pikalucueun, pikagugueun, matak hanjakal, jeung pikakeuheuleun tina hal ngagunakeun basa daerah teh. Ieu kajadian teh lumangsung sababaraha taun katukang dina acara seren – sumeren calon panganten.

Kieu cenah :

“Kumargi sim kuring mah urang Bandung, urang Sunda, bade cumarios teh ku basa Sunda bae da bawiraos di Kuningan oge sami Sunda keneh, tangtosna ge ngalartos …jst.” Kitu ceuk sesepuh anu dipancen nyerenkeun panganten.

Sugan teh moal dilawan ku MC (baca emse) teh penilik TK/SD (Pengawas TK/SD, ayeuna). Ana pok teh : “Saya berbicara memakai bahasa Indonesia, karena bahasa Indonesia adalah bahasa nasional sedangkan Kuningan dan Bandung termasuk wilayah Indonesia….jst.” kituna teh bari jamotrot, boro-boro bari imut ngagelenyu atawa ngaheureuyan ku piseurieun mah. Nu araya ukur seuri, seuri mangerakeun, manghanjakalkeun, malah timbul sebel, sebel ku eta kalakuan juragan penilik. Naha make kudu kitu ? naha make dilawan ? naha….

Hal serupa kitu teh remen kajadian dina acara-acara sejenna, tapi ari emsena ngarti mah tara ieuh dilawan da geus ilahar, kitu deui pangatur sejenna anu dipancen nyarita, tara ieuh mesek omongan batur dina hal ngagunakeun basa.

Naha bet kitu ? boa-boa aya anggapan yen basa Sunda mah teu formal, teu tegas, teu tegas, teu resmi, jeung sajabana, jeung sajabana. Ieu indikasi teh memper-memper kana bener, najan lain mangrupa hasil panalungtikan anu otentik, tapi ngan sakadar hasil paniten saliwatan.

Sacara teu sadar rea anu teu ngarasa yen ngagunakeun basa indung (Sunda) teh kacida mangaruhanana kana kahirupan sagemblengna. Ceramah para dai tacan tangtu katarima ku majlis lantaran teu pati ngarti kana basa nu digunakeun ku nu da’wah (bc. basa Indonesia), tehnologi pertanian moal bisa dimangpaatkeun ku para patani lantaran kaom tani umumna marake basa indung, basa Sunda. Komo bari jeung PPL-na legeg mah, direumbeuy ku istilah-istilah kimia (bs. Laten) atawa istilah-istilah tehnologi pertanian. Nya kitu deui para patugas PLKB.

Ana kitu mah tetela basa Sunda teh penting keneh.

Upama ngeunteung ka alam katukang mangsa Gupernur Jawa Barat-na “Mang Ihin” (Solihin GP) basa Sunda teh karasa pisan hirupna dihargaan jeung dipake, najan can aya Perda. Upama anjeunna ngadongdon ka daerah biantarana (pidato) teh sok ngagunakeun basa Sunda. Malah ngembarkeun “penghijauan” oge cukup ku lisan, ku basa Sunda. Eta nu disebut RAKGANTANG tea (gerakan gandrung tatangkalan). Sederhana pisan deuih tatangkalanna oge, cukup ku melak Turuy (Turi), pepelakan asli urang Sunda, henteu ti Bangkok atawa Jepang.

Tina kitu pejabat ka handapna oge rea nu ngagunakeun basa Sunda, kalebet R. Otje Djundjunan (bc. Oce Junjunan), Wali Kodya Bandung Manten. Nyunda pisan anjeunna mah.

Ngeunteung deui ka Bupati manten kab. Ciamis/Garut, R. Momon Gandasasmita. Nu ieu oge sami nyunda. Malah rarasaan asa napel keneh dina ceuli. Naskah sambutan solat sunat Idul Fitri teh nganggo basa Sunda. Naskah biantara sambutan biasana sok dibacakeun ku kuwu atawa Camat, suka bae pejabat pangluhurna nu aya di eta masjid. Keur mah poe lebaran, poe anu kacida diagungkeunana ku umat Islam, nganggo pidato ku basa Sunda atuh matak nyerep kana mamaras.

Kumaha pejabat ayeuna ? Duka teh teuing.

Bujeung-bujeung pejabat, lurah, camat jst. Dalah tukang hutbah Jumah oge geus teu puruneun make basa Sunda padahal aya Majalah Sunda anu nyadiakeun naskah hutbah Jum,ah ku basa Sunda (conto Mangle / Bina Da’wah), kari daek macana.

Ilustrasi diawal bacaan di luhur mangrupa gambaran yen kacida banggana nerapkeun pamakean basa Sunda dina suasana formal. Walohu alam, naon aksanana.

Ari anu dilakonan ku para pejabat senior, anu kiwari geus jaradi manten istuning mangrupa kawijakan anu wening, anu kaluar tina sanubarina. Aranjeunna henteu marentahkeun boh lisan boh tinulis tapi langsung ngagunakeun. Ku tina kitu pejabat sejen katut karyawan pangleutikna raos nganggo basa Sunda.

Kiwari, R. Nuryana Gupernur Jawa Barat ayeuna nembongkeun paniten kana hal eta. Hasilna nya eta lahirna Perda Basa Sunda taun 1996 jeung Perda Basa Sunda taun 2002 anu mangrupa revisi Perda 1996 lantaran kudu diluyukeun jeung Undang-undang Otonomi Daerah.

Kumaha hasilna ? najan can karasa tapi hal eta geus mere kabungah keur bahasawan daerah. Aya harepan basa Sunda nanjeur deui dinagrina (tatar Sunda).

Tarekah saterusna, nya eta : (1) sosialisasikeun eta Perda sing nepi ka lapisan masarakat panghandapna boh formal informal; (2) laksanakeun program pengembangan luyu jeung sakumaha kuduna; (3) kudu pok, pek, prak, dina harti barengan ku parentah lisan ku para pamingpin dibarengan ku nyontoan ngagunakeunana.

Prung ! Tong inggis lepat. Bawirasa leuwih hade salah tapi ngalakukeun tinimbang teu make pisan.

 

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Basa Sunda Keur Nganti Dawuh Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan