728x90 AdSpace

Update
13 September 2021

Ong Tién Nio jeung Bokor Kuningan

Ku Dodo Suwondo

Kacarioskeun Putri Ong Tién Nio, di perjalanan. Anjeunna dijurung laku ku Kaisar Hong Gié pikeun nyacapkeun kapanasaran Ong Tién Nio anu miharep dipigarwa ku Jeng Maulana Insan Kamil. Angkleung-angkleungan di tengah sagara, balayar napakan banyu anu watesna satungtung deuleu. Ngangkleung ngalangkungan sagara kidul Cina jeung Laut Jawa numpang kapal layar karajaan Cina, sejana ngajugjug nagari Cirebon,.

Kaisar Hong Gié, ramana Ong Tién Nio ngutus tiluan gegedén karajaan pikeun maturan lalampahan putrina. Anu tiluan téh, nya éta Pai Li Bang, Lié Guan Chang, jeung Lié Guan Hién. Ari kalungguhan Pai Li Bang téh nya éta Menteri di kakaisaran Dinasti Ming, anu ogé kaasup  murid Syarif Hidayatullah. 


Parahu layar nyuruwuk kasurung ku angin laut. Nyi putri bangun nu bingah, sanaos raos prihatinna mah tangtos aya, margi kedah nilar ibu rama, ogé sadaya kadang sadérék di nagri. Sakapeung rambisak ari ras ka ibu sareng ramana, lajeng sasambat bari andum salam─mundut pangdunga ti marantenna. Sakapeung ras deui ka panutan anu janten buah émutanana, Jeng Maulana Insan Kamil di tatar Pasundan, lajeng sumambat ka anjeunna.


Hiuk hiuk angin topan 

bébérkeun ieu lalayar 

sabab kuring keur kapalang 

kapalang digelung malang


Hiuk hiuk angin topan 

kebatkeun parahu layar

sabab kuring keur kapalang 

kapalang meunang wiwirang


Hiuk hiuk angin topan 

parahu laju balayar 

nyungsi asih, néang tresna

mamrih rido-Na Pangéran 


Hiuk hiuk angin asih 

tepungkeun galeuh kadeudeuh 

jungjunan buah impénan 

jatining panutan ati.


Kitu hariringna Nyi putri salami perjalanan di tengah sagara.

Rombongan karajaan anu jarajap Putri Lié Ong Tién mekel rupa-rupa barang ti karajaan Tiongkok, kayaning kong-kong, piring lodor, keramik, guci, lalayah, anggoan sutra, permata, jeung perhiasan tina emas. Éta sadaya pamahanan ingka ibu sareng rama, Kaisar Hong Gié, anggoeun engké di tanah Sunda.

Nalika balabuh di darmaga rasa kasono Lié Ong Tién tos teu kaampeuh, asa tos gok aya di payuneun Mas kabeureuh. Barang kapal balabuh, Putri Ong Tién anu parantos kapentang asmara cinta ku pagusténna─Syarif Hidayatullah, raos lali kana kawanitaan, anjeunna kalintang pisan bingahna atuh gagancangan lumpat sejana muru karaton Cirebon. Ku margi rasa kasono tos teu tiasa dibendung, teu karaoseun kangkalung anu dianggo ku anjeunna ngait kana regang tatangkalan, ragrag kana kikisik, di basisir Pasir Ipis lebah Ciledug. Éta kangkalung anu dianggo Putri Tan Hong Tién Nio téh bangunna sapertos ranté ipis, tina bahan emas putih ditarétés berlian ungu anu di tengahna dipasangan batu mulia, minangka gagantélna. Éta wewengkon pangna nepi ka kiwari disebut Ciledug téh lantaran ledug urut néangan kangkalung Putri Ong Tién.

Kangaranan tatamu, tangtu waé tacan apal di mana ari perenahna Karaton Cirebon. Sajajalan tataros ka unggal anu paamprok jeung pribumi. Saparantos yakin tur jelas, laju muru karaton sakumaha panuduh.

“Sampurasun, nu kagungan ieu lembur. Manawi uninga di mana ari Karaton, tempat linggihna Pangersa Susuhunan Jati, Gusti Pangéran Syarif Hidayatullah?” Salasaurang anggota rombongan nalék ka pribumi.

Ditakon kitu pribumi teu langsung ngajawab, inyana malik nalék ka tatamu. “Bagéa nu anyar pinanggih, naha saha ari awak, jeung aya naon kersa nepangan pagustén kaula?” Kitu panakon pribumi.

“Kami rombongan ti nagri Tiongkok, sambung léngkah seja nepangan Jeng Maulana Insan Kamil, rék nepungkeun tali katresna pagustén kami, Nyai Putri Tan Hong Tién Nio ka Pangersa raja tanah Sunda.”

“Oh, kitu? Ti dieu teu pati jauh tinggal saeutik rada ngulon, tah di dinya perenahna. Ngan ceuk béja, kiwari Gusti Pangéran nuju suwung di karaton, marga keur jengkar ka Kadipatian Luragung.” 

Dina waktos éta, kaleresan Jeng Maulana Insan Kamil nuju aya di Luragung. Kumargi éta rombongan langsung neruskeun lalampahanana ka Luragung. Ari barang-barang cacandakan dititipkeun ka Patih Keling. Atuh pok Putri Ong Tién nyarios ka para pangiring, “Hé, parapangiring sakabéh! Ulah kapalang nya béla, ayeuna urang teruskeun lalampahan ka Luragung. Kami banget hayang geura pendak sareng jungjunan, Jeng Maulana Insan Kamil. Hanas éta babawaan, cuang titipkeun waé ka Patih Keling.” kitu sasauranana Lié Ong Tién ka parapangiringna.


Kacarioskeun di Luragung. Susuhunan Jati nuju linggih saampar samak sareng Ki Gédéng Luragung anu jenenganana Jayaraksa. Aranjeunna nuju ngawangkong perkawis saréat Islam di tatar Luragung. Teu antara lami torojol para tatamu ti nagri Cina sarumping. Putri Tan Hong Tién Nio diiring ku patih jeung mantri ti nagri Cina (Pai Li Bang, Lié Guan Chang, jeung Lié Guan Hién), jeung parapangiring lianna.

“Sampurasun!” ceuk para tatamu.

“Rampes! Waalaikumsalam.” Pribumi ngawaler. 

“Aéh, geuning Lié Ong Tién, rurumpaheun. Aya kersa naon ieu téh?” Sunan Jati ngabagéakeun. 

“Assalammu’alaikum.” Ceuk Pai Li Bang, uluk salam.

“Saha téa ieu teh Pangersa, anyar pinanggih?” Jayaraksa hookeun.

“Oh, ieu téh putrina Kaisar Hong Gié, ti nagri Cina. Demi Kaisar Hong Gié téh, nya éta kekenalan kaula waktu keur di nagri Cina.” Walon Syarif Hidayatullah nerangkeun ka Ki Gédéng Luragung.

“Oh, bagéa sateka, para tatamu ti bagri Cina. Mangga sami-sami pinara. Aya naon kersa lumampah, taya iber ti anggalna?” Ki Gédéng Luragung nalék paratamu.

Atuh brek Putri Ong Tién sujud sungkem ka Pangéran Syarif Hidayatullah. Anjeunna mundut pangapunten tina kalepatan ramana, ogé ngutarakeun eusi atina anu uami. 

“Kakang Mas, kula seja mundut maaf ti salira tina kalepatan sareng kacaluntangan rai, ogé Kangjeng Rama. Atuh sajabi ti éta seja nyanggakeun badan sakujur, badé dibeureum badé dihideung, nyanggakeun sadaya-daya. Mungguh kahoyong mah kauntun tipung katambang béas, rai banget ku hoyong dipigarwa ku salira! Kitu kaulanun.” kitu kasauran Putri Ong Tién, ngedalkeun pamaksadanana.

“Oh, kitu?” walon Pangéran Syarif Hidayatullah, pondok.

“Nya kitu Gusti. Abdi dalem kapiutus ku pangersa Kaisar Hong Gié, ramana Tan Hong Tién Nio. Dupi maksadna nya éta ...” Patih Lié Guan Chang, nyaritana teu kebat, kapotong ku Sunan Gunung Jati.

“Naon cenah, Lié Guan Chang pamaksudanana? Pok geura caritakeun!” Sunan Gunung Jati, némpas.

“Saperkawis nyanggakeun serat ti Kaisar, tawis kaisin tina kalepatanana. Kalih perkawis seja nyanggakeun ogé nganteur Sang putri anu kalintang dipiasihna, ku Kaisar. Anjeunna ngawidian Tan Hong Tién Nio, alias Lié Ong Tién, alias Ong Tién Nio supados dinikah ku Pagustén. Kapingtilu seja nyanggakeun tilu kapal anu dianggo ku rombongan katut eusina sareng para abdi anu sami ngiring ka ieu nagri, Gusti.” Kitu ceuk Lié Guan Chang.

“Oh, kitu! Nanging geuning ...?” Jeng Maulana teu kebat nyariosna kabujeng langsung diwaler ku Ong Tién. 

“Sadaya-daya Gusti, sakumaha anu dicarioskeun tadi. Sabada acara réngsé, bokor ilang tanpa karana ari padaharan rai bet ngageungan, persis nuju kakandungan. Kitu Gusti. Tulungan abdi!” Putri Ong Tién ngageuri. 

“Oh, kitu? Seug téh teuing ku kaula moal rék ditampik. Ngan tangtu aya saratna.”

“Naon saratna Gusti?” Lié Ong Tién haget ngawaler ku patarosan.

“Kahiji, tangtu Nyimas Ong Tién mudu ngucapkeun heula dua kalimah syahadat, tanda ngagem saréat Islam, marga kakang kapan ngagem agama Islam. Sanggup?” 

“Diestokeun Gusti Pangéran! Dupi kaduana?” Putri Ong Tién katawis sumanget.

“Kaduana. Pernikahan meureun ditunda heula, marga salira nuju kakandungan. Sedengkeun dina hukum Islam teu dibenerkeun jalma anu keur kakandungan dilaksanakeun pernikahan. Jadi engké, nunggu salira ngalahirkeun.” Walon Syarif Hidayatullah.

“Mangga ngiringan sapangersa. Dupi katiluna?”

“Katiluna. Wayahna meureun salira janten selir, garwa kadua, marga kakang parantos gaduh bojo langkung ti payun, buktosna Nyai Ratu Pakungwati.”

“Teu sawios Gusti. Beurat nyuhun beurat nanggung, abot pikeun rai kanggo narimakeunana. Hatur nuhun pangasihna!” Kitu waleran Nyai putri Lié Ong Tién.


Réngsé babadantenan. Anéh anu luar biasa anu tumiba. Lié Ong Tién musial padaharanana, sakumaha umumna anu badé ngalahirkeun.

“Aduh Gusti, ieu tulungan! Ieu padaharan bet musial, rasana nyelekit bari linu luar biasa. Tobat ...!” Lié Ong Tién ngajerit.

Cacap nyarios, ana brol téh kaborosotan, ngalahirkeun di pasamoan. Nanging teu lumrah, margi nu medal téh tétéla wujudna sanés manusa, nanging bokor kuningan. Barang katingal ku Lié Ong Tién, jabang bayi téh bet bokor. Teu kaampeuh ku nalangsa, jabi isin raosna kamenyan kuning, wirangna mani nataku. Les Nyi putri kapidara. 

 Lajeng Pangéran Syarif Hidayatullah ngangkat dampal panangan kiwa lan tengen, ngadunga ka Alloh Subhanahu wa ta’ala, mundut jabang bayi anu ilaharna manusa. 

“Teu lumrah, aya jalma ngalahirkeun barang sarupa bokor. Lamun manusa, nya mudu manusa deui!” Saur Pangéran Syarif Hidayatullah sabada mapatkeun dungana.

Diparengkeun dungana diijabah, bokor kuningan ngajanggélék janten jabang bayi bangsa manusa, kasépna pilih tanding. 

“Lilir geulis! Jabang bayi putra salira geura akeup bari geugeut.” Kitu pisaur Pangéran Syarif Hidayatullah ka Putri Ong Tién anu nuju kapidara. Atuh teu kantos lami Lié Ong Tién lilir kalayan waluya sabihari. 

Salajengna Jeng Maulana Insan Kamil ngémbarkeun ka sakumna warga anu araya di Kadipatian Luragung perkawis peristiwana.

“Hé, dulur-dulur kula sakabéh! Ménta disaksén ku sakumna, kaula rék cacarita! Saperkara jabang bayi anu medal tina rahimna Putri Ong Tién ku kaula baris diaranan Suranggajaya! Isuk jaganing pagéto bakal jadi Pangéran Kuningan. Kadua perkara, kaula rék nedunan jangji kaula réh dimana jabang bayi lahir, kaula rék nikah jeung Lié Ong Tién, alias Ong Tién Nio. Katilu, pernikahan kaula ménta diwalian ku salasahiji papatih ti nagri Cina, Pai Li Bang, atawa Lié Guan Chang, atawa Lié Guan Hién, sarta Panghuluna ku Ki Gédéng Luragung, Jayaraksa anu tangtu! Kaopatna, sabada sah akad nikah kaula baris méré jenengan ka Lié Ong Tién, alias Ong Tién Nio, alias Tan Hong Tién Nio, ku jujuluk Nyi Mas Rarasumanding. Kagenepna, masrahkeun Suranggajaya ka Jayaraksa, Gédéng Luragung, sangkan ieu jabang bayi dipiroséa, diatik sakumaha ka putra pituin. Katujuh, dimana engké menggeus sawawa, pasrahkeun sakabéh tanah jajahan kaula ka Suranggajaya─Pangéran Kuningan ari wakilna Gédéng Kamuning putra andika. Cag!” Kitu émbaran Sunan Gunung Jati.

Nanging takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar. Sabada réngsé rasmi pernikahan lajeng boyong ka pasanggrahan Gunung Sembung, teu antawis lami Nyi Mas Rarasumanding ngantunkeun.

_______________ 

▪  Lié Ong Tién =  Tan Hong Tién Nio = Ong Tién Nio = Rarasumanding


  (Disarikeun tina 

Babad Tanah Sunda, PS Sulendraningrat jeung sumber lianna)


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Ong Tién Nio jeung Bokor Kuningan Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan