Hot News
16 September 2015

Na Twah Rampes Dina Urang


Oleh: Rpk Deri A.

Na twah rampes dina urang, agamaning pare mangsana jumarum, telu daun mangsana di owyas, gede pare, mangsana bulu irung, neukah, takarah, kasep nangwa tu iya ngaranya, umeusi takarah lagu tungkul harayhay asak, takarah candukur, ngarasa maneh kaeusi

Artinya:
Adapun amal yang sempurna pada diri kita adalah ilmu padi. pada saat bertunas seperti jarum, keluar 3 daun saat disiangi, tumbuh dewasa, keluar kuncup seperti bulu hidung, mekar buah, ia menunjuk langit, ia menengadah indah tampang disebutnya. Setelah berisi tiba saat mulai merunduk, menguning masak ia makin merunduk karena merasa diri telah berisi

Naha tulisan diluhur teu diterjemahkeun ka Basa Sunda? apan memang Basa Sunda ngan Basa Sunda kuna.

Ngan didieu lain rek ngaguar ngeunaan mangsa basa atawa undak-usuk basa tapi rek ngaguar ngeunaan eusi ti eta tulisan.nya diguar sakumaha pamanggih dina pikir anu nyieun ieu tulisan.

Dina mangsa pendidikan sakola,sok diwanohkeun ka sakumna murid yen kudu jadi jelema anu bisa ngeunteung kana hirupna pare,utamana dina pasifatan jeung tingkah laku jelema anu boga elmu.nyaeta beuki gede elmu katarima,kudu lungguh.ulah asa aing luhur elmu jembar pangabisa.anu antukna elmu nu dipikaboga jadi euweuh guna lantaran sifat asa aing adigung gede hulu atawa sombong.

Pasifatan polah atawa tingkah laku adigung eta teu surup kana tangtung teu sieup ngimbang kana wanda anu sakumaha saestuna pikukuh kolot Sunda baheula.jadi jelema tara nembongkeun pangabisa tara ebreh pangartina.

Lebah dieu teu arang jadi salah arti.sok salah hartian nu boga elmu pangaweruh jadi pedit dina mere elmu.antukna teu arang oge loba nu tuna pangabisa miskin pangarti alatan teu papada ngasah.

Ku kitu na,penting pikeun jelema kiwari nyaho harti eusi pikukuh,bisi kabobodo tenjo kasamaran tingal.lain jadi pikeun asa aing pinunjul tapi pikeun mere caang anu poekeun obor.khususna ngeunaan elmu pikukuh kolot Sunda baheula.loba jelema kiwari anu kurang payus dina nyukcruk galur mapay laratan tapak lacak kolot baheula.

anu manggih cangkang poho eusi,anu apal eusi poho cangkang.antukna elmu nu saestuna jadi olaheun diri laju jadi asaheun pikeun punjul.
Didieu urang kudu bisa ngolah rasa sangkan peka.nu hade tangtungan can tangtu hade eusi boh kitu sabalikna.matak aya paribasa batok eusi madu,anu hartina goreng oge tapi eusina hade.

Paribasa ieu nu dipake salahsahiji ageman nu dipake ku BATOK (Barudak Totopong Kuningan),hiji komunitas anu ngaguar ngeunaan totopong;iket khususna,budaya Sunda umumna.ditilik dina adegna,ieu komunitas teu sagede nu lian,najan kitu oge pangeusina mah jelema-jelema anu daek ngacapang neang elmu.aya nu bisa nyieun waditra awi,aya nu ngaguar sejarah wewengkon pon kitu sababaraha anggahota na anu nalungtik ngeunaan budaya Sunda nu sejenna.

Balik deui ngeunaan agamaning pare atawa elmu pare.ku kolot baheula mah dipake jadi hiji ageman diri.tuntunan hirup manjing huripna.kolot anu cicing nyumput buni dinu caang.

Kumaha ayeuna carana urang salaku nonoman anu butuh pangarti pikeun nalungtik budaya sorangan?enya eta urang kudu bisa ngolah rasa peka kana sajeroningna.daek ngacapang tatanya deuheus ka kolot.baris dibere nyaho alatan reueus ningali aya penerusna.

Didieu urang kudu rumasa yen urang nu boga hak waris pikeun mulasara naon anu ditinggalkeun ku kolot.ngan mangkahade ulah poho purwadaksi.ulah poho ka asal diri.daek ngacapang ngaguar tutungkusan jeung mulasara titinggal kolot bari teu poho adegan anu cageur bageur bener pinter singer.teu ogah ku gingsir jeung bisa ngigelkeun jaman.bisa jadi manusa sajati anu mituhu saluyu tangtung mitapak saujrat uga mibanda saampar jagat..geura prak makalangan! (*Turiang Larang,aktiv di Bumi Adat Gotrabinekas)***
Penulis adalah Ais Pangaping BATOK
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Na Twah Rampes Dina Urang Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan