Hot News
18 Desember 2017

Kréatifitas Seniman dina Karpridéy (CFD)

ku: Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )


Aya gending jeung hariring dina pésta Ahad isuk-isuk. Somah ngaleuya tingalabring minuhan jajalanan anu sasarina ditincak ku géréléngna ban mobil jeung motor. Aya imut anu beukah marengan pataréma tangan, manjangkeun silaturahmi.

Ki Dédén (Adén Garéng) reujeung Sanggar Lokananta salasahiji kréator seni anu majang dina panggung jajalanan, méré hiburan keur nu sarukan-sukan. Teu cukup ku Lokananta, Ki Dodon Sugiharto ti Grup Puja anu ogé Kabid Kebudayaan, Dinas Pendidikan dan Kebudayaan milu mairan ngutekkeun ramo-ramona dina tut organ.

Enya seni téh teu weléh mekar, ti wanci ka wanci milu ngindung kana waktu tur mibapa kana jaman. Pabaurna warna seni antara nada diatonis jeung péntatonis, jeung waditra anu basisna éléktronis kiwari bisa ngawarnaan seni lokal anu ceuk cénah ilahar disebut tradisional. Ieu kréatipitas téh tétéla matak seger. Haleuang tembang boh ti nu geus biasa ngalanglaung di panggung nepi ka nu sakadar tamba panasaran, milu bungah sukan-sukan.

Kuring nyelang-nyelang tina ngopi teu weudeu milu ngahaleuang. Enya, kopi wedalan Gunung Aci, Subang anu dipajang ku Ki Dani Ramdani, nonoman anu kréatif tur inovatif. Inyana magelarkeun "Kopi Waja". Haleuang lagu "Kalangjang" yasana Nano Suratno (almarhum) mimitina mah ku Indriyani, mojang anu boga titél piunggul pasanggiri tembang pupuh. Inyana ngahaleuang, mapaésan suasana karpridey. Dina Kalangkang aya tembang papasangan. Hariring jeung reundeuk, sakapeung ngéngklak nurutkeun irama kendang, dipapaés ku sora Ki Edi Kusnadi (Kasi Seni jeung Budaya), nya tangtu nambahan hégar.

Nya di dieu tempatna silaturahim para seniman. Arinyana jul jol daratang pabaur, mauran reujeung mairan éléktun Ki Adén Garéng.***
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Kréatifitas Seniman dina Karpridéy (CFD) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan