Hot News
29 April 2019

Puisi Sunda: Bulan Keur Saha ?...


ku: Cucu Supriadin (Guru SMKN 1 Luragung)

Bulan  teh  nembongan  deui…
Sanggeus mega  nyinglar  katebak  angin
Sanajan  sapotong 
Nyingraykeun  halimun  peuting nu mawa lalangse
Mere tangara  guligahna  rasa  nu nyangkaruk
Sok sanajan geus  tinggaleun

Bulan  teh  nembongan  deui…
Mawa rasa  jeung  carita
Lalakon  mangsa  katukang
Nu hamo kasorang deui…
Ngalangkang  ngaririwaan  sakapeung ngalelewe
Nyeungseurikeun bari  ngeprokan

Bulan  teh  nembongan  deui…
Caangna  tinggal  sapotong
Kakalicesan  jiga  lilin  katebak  angin

Bulan  teh  nembongan  deui…
Teuing  nembongan keur saha..
Teuing nyaangan  saha ???

                    Hulucai_1994
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Puisi Sunda: Bulan Keur Saha ?... Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan