728x90 AdSpace

Update
23 Mei 2021

Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 4-Tamat)

“Nu Ragrag Na Sagara Cahya” merupakan cerita bersambung berbahasa Sunda PERTAMA di suarakuningan.com. Selamat mengikuti.

Sinopsis: Nu Ragrag na Sagara Cahya (Carbung 4 Bagean)

Sateuacanna:

Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan Kahiji)

Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan Kadua)

Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan Katilu)


Ku: Mang Ukas Noléd

Si kalangkang ngalieuk, "kumaha Ki? Aki Suhanta neruskeun, "Agan dihaturanan linggih kalebet rorompok. Sakantenan ngareureuh wireh tadi tarung meni campuh kacida. Kaleresan cikopi-kopi wae mah aya nuun." 

Sanggeus rada ngahuleng sajongjongan, Si Kalangkang nembalan semu dareuda, "Aki hatur nuhun panyambatna. Ngan hanjakal kuring teu acan tiasa nedunan pangangkenna. Kuring kudu buru-buru miang deui. Aya urusan nu teu tiasa diecagkeun." "Euleuh hawatos teuing nuun. Meni teu reureuh sok sanaos sakolepat." Ceuk Ki Suhanta. 

Si Kalangkang nempas, "sawios Aki, hatur rebu nuhun tina kasaenanana. Tapi sateuacan kuring ngantunkeun ieu lembur, kuring hoyong pesen ka sakumna rahayat di ieu lembur ngalangkungan Aki." Pesen naon anu bade didugikeun ku Aden?" Tanya Ki Suhanta. 


Si Kalangkang ngajelaskeun bari daria, "Ki, tadi manawi ku Aki sarengrengan kasaksenan. Kuring tos negeskeun panangtang tarung ka Si Raja Begal Ki Gorda ngalangkungan Si Jenuk. Ku alatan eta, tarung campuh parebut pati antawis kuring sareng Ki Gorda kantun nganti waktu. Hiji tarung pamustungan anu teu apal saha nu bakal kasoran. Kalayan neda kakuatan sareng panangtayungan Alloh SWT. kuring geus ngajam hayang ngeureunkeun kakejemen eta raja begal nu kacida kejem nyangsarakeun rahayat. Muga2 Alloh ngaijabah kana pamaksadan kuring. Ananging kajadian tadi, dihariwangjeun bakal ngait kana panasiban rahayat di ieu lembur. Kusabab kajadian patelak jeung kasorna usung-esang Ki Gorda di ieu lembur. Ieu lembur kana bakal dicirian jeung dikakalakeun ku Ki Gorda saparakanca. Ku hal eta, geura bewarakeun ka rahayat ieu lembur, geura samakta taki-taki ngahareupan pangjorag ti para karaman Ki Gorda. Geura kumpulkeun jeung reugeujeugkeun sakabeh pamuda nu ngawesen bela diri. Kumpulkeun sakabeh kakuatan rahayat ieu lembur, kalayan ngucap bismillaah tawakaltu 'alallooh, hareupan sakur karaman nu datang, kalayan dinawaetuan jihad fisabilillaah. Insya Alloh Alloh, nu Maha Kawasa ngalungsurkeun kakuatan sareng kajayaan ka rahayat ieu lembur. Anapon simKuring bakal ikhtiar ngahalangan sangkan karaman Ki Gorda teu  lebet deui ngagalaksak ieu lembur. Bari nganti kacindekan waktu jeung tempat pikeun tarung pamustungan antawis Kuring  jeung Ki Gorda." Ki Suhanta sajongjongan ngahuleng. Omongan Si Kalangkang nyadarkeun manehna ngait balukar manjang kajadian tadi. Tarung campuh tadi teu ukur eureun di dinya. Tapi bakal rembet kamale kana diincerna warga lembur Cikuniang. Ki Suhanta nyarita, "Muhun Den, nembe kahartos ku Aki ayeuna mah. Ari kitu mah teu aya deui piliheun, lianti Aki jeung sadaya warga lembur Cikuniang kudu tatan-tatan ti ayeuna pikeun nandean bancang pakewuh ti karaman usung-esang Ki Gorda." Si Kalangkang mairan, "Alhamdulillaah Aki, dina hal ieu urang parantos sapagodos. Manawi cunduk waktu kanggo Kuring amit Aki. Urang sami-sami jalankeun hanca darma sewang-sewangan Aki." Ki Suhanta nembal, "Mangga Den geura angkat, kalayan pangjurung do'a ti Aki sapakaranca, muga Aden teu kendat aya dina ginanjar kawilujengan, kalayan tiasa enggal-enggal lekasan numpurkeun Ki Gorda sareng usung-esangna." "Aamiiin", waro Si Kalangkang, bari terus sakolepat ngagajleng kapentas walungan terus ngiles dina caneomna dapuran awi tungtung lembir Ci Kuniang.


 Kacaturkeun Ki Jenuk jeung baladna. Sanggeus nanggung wiwirang kasoran ku sajelema, nyatana Si Kalangkang, maranehna kebat leumpang teu sumpang-simpang muru ka markas panganjrekan Ki Gorda. Sok sanajan laleumpangna teu jejeg, alatan tatu parna sesa disangsara ku Si Kalangkang, maranehna nalikreuh sagancang anu kaduga. Hayang buru-buru nepi ngalaporkeun sakabeh kajadian nu karandapan, kaasup panangtang nu rohaka ti Si Kalangkang ka Ki Gorda. Memang aya kakeueung nu pohara gede na pikiran Ki Jenuk. Ki Gorda boga adat resep nyangsara badegana nu gagal dina ngajalankeun parentahna. Sok komo kanu ngalaman kasoran, kumeok eleh dina patelak jeung musuh. Tapi kahariwang eta katutup ku kahayang ngabejakeun panangtang Si Kalangkang ka Ki Gorda. Manehna dengdem kacida ka Si Kalangkang, nu geus ngawiwirang jeung nyangsara menehna saparakanca. Ku dibejakeunna panangtang Si Kalangkang, gede harepan Ki Gorda bakal ngajorag terus ngabinasa Si Kalangkang nepi ka palastra. Keur Ki Jenuk, binasana Si Kalangkang bakal jadi obat matih keur ngubaran rasa dengdem jeung ceuceub manehna ka Si Kalangkang.


Singget carita, sanggeus ngatrok leumpang 5 poe, Ki Jenuk tungtungna nepi oge ka nu dituju. Manehna ngasrog kana golodog imah badag panganjrekan Ki Gorda kira2 wanci sariak layung, mangsa reup-reupan. Kasampak di hareupeun imah aya 7 jelema nyaroren gobang, beungeut parerenges matak sawan budak. Kareret oge ku Ki Jenuk, panto hareup molongo, bari jeung loba jelema di ruang tamu tinggerenseng siga keur uplek ngobrol. Sanggeus rada deukeut, salah saurang badega Ki Gorda nu keur jaga, nyahoeun kadatangan Ki jenuk saparakanca anu lempang rada sosoloyongan. "Kanca-kanca eta geuning Si Jenuk geus dataaang...!" manehna ngajorowok. Nu sejen ting raringeuh, "mana euy?" ceuk salah saurang nu ti  jero imah, bari gura-giru norojol ka luar. Teu lila jelema pada ngagimbung dihareupeun imah badag Ki Gorda, pada hayang paheula-heula nenjo kaayaan Ki Jenuk nu karek kurunyung. Ki Jenuk jeung baladna nu ramohpoyoy karek jol rada ngahuleng. "Geuning kadatangan kuring siga nu geus dianti-anti tianggalna? Siga nu geus apal naon nu karandapan ku Aing?" kitu gerentes Ki Jenuk ngarasa hemeng. Teu lila dihareupeun golodog imah teh raeng tingggerendeng pada nanyakeun rupa-rupa pananya ka Ki Jenuk saparakanca. Lianti nanyakeun kaayaan, jelema teh pada panasaran hayang nanggap kajadiaan nu kaalaman ku Ki Jenuk saparakanca. Teu geseh tina sangkaan Ki Jenuk, rupana kadatangan manehna jeung balad-baladna teh geus dianti-anti ku sakabeh wadya balad Ki Gorda. Duka kumaha wasilah jeung jujutanna, nepi ka kajadian nu kaalaman ku Ki Jenuk saparakanca iberna geus nepi ka markas Ki Gorda samemeh jinisna datang mere laporan. Keur saheng tinggerendeng patembalan ngobrol di hareupeun golodog, teu pupuguh aya nu rada nyorowok semu berat ti tepas imah. “Meunggeus, ngajaredog ! montong ngaradu cungur dihareupeun imah Kula! Geura bawa Si Jenuk kajero !!!” Jep..saharita keneh nu keur tinggerendeng ngobrol teh ngadadak jempe siga gaang katincak. Beungeut Ki Jenuk jeung balad-baladna ngadadak sepa jiga euweuh getihan. Sakabeh nu aya didinya, apal sora jelema anu cikeneh ngajorowok rada ambek. Taya liyan sora Ki Gorda raja begal, anu katelah jelema pangjagona tur pangtelengesna sa wewengkon Gunung Pataka.


Teu talangke Ki Jenuk jeung baladna gura-giru muru panto hareup, mairan panggero Ki Gorda ti jero. Maranehna geus teu bireuk kana adat nu jadi dunungannana mun kaleked teu buru-buru nedunan kahayangna. Sok kelu nyangsara beak karep. Bari darongko acong-acongan satengah sembah sungkem maranehna ngadeketan Ki Gorda, nu kasampak keur ngagele pahpir bari sila tutug dina korsi kalungguhanana. Ki Jenuk sajongjongan maling tenjo, ngareret kana panon Ki Gorda nu katingal molotot bari ngaburileng pikagilaeun. Saterusna manehna buru-buru ngeluk tungkul nojoleun panenjo kana alketip tincakeun. “haruh boa kajadian aing disangsara ku manehna”, kitu gerentes Ki Jenuk bari semu muringis ngawawa-as maneh. Sanggeus manehna saparakanca merenah sila mendeko hareupeun Ki Gorda, Ki Jenuk ngacongkeun dua langun dari rengkuh, maksudna menta ijin ka Ki Gorda rek ngomong minangka mere laporan. “Menggeus teu kudu!” Ki Gorda teugeug motong pamaksudan Ki Jenuk. Ki Gorda neruskeun omongan, “Jenuk! Aing geus nyaho nu karandapan ku maneh saparakanca. Patelakna maneh sabalad-balad jeung jelema nu disebut Si Kalangkang di Ci Kuniang geus jadi sabiwir hiji. Teu ngan ukur di wewengkon lembur eta wungkul, tapi geus nerekab ka hampir unggal dayeuh jeung pilemburan di wewengkon Gunung Pataka. Dua poe samemeh ente datang, iber ngeunaan kajadian di Cikuniang geus nepi kana ceuli aing di dieu. Tadina Aing geus ngajam, rek ngahukum maraneh kabeh ku cara dikeeum di Situ Bayawak Cewaw 5 poe lima peuting. Bongan geus ngawiwirang aing, ngadon keok batatayan ku jelema ukur sahulu. Tapi sanggeus nampa beja, yen anjeun tarung bebeakan pinuh wawanen, oge anjeun nolak serah bongkokan ka eta Si Kalangkang, malah anjeun badag burih nandonkeun pati sorangan pikeun kumawula ka Aing, Aing ngabedokeun eta hukuman. Aing ngarasa anjeun salah hiji badega Aing nu tulen satia satuhu teu gedag kaanginan. Lianti eta, lawan anjeun oge memang lain jelema samanea. Kuring nampa beja, samemeh patelak jeung anjeun, manehna geus meta lona ngelehkeun badega-badega Aing nu lewih jago tinimbang anjeun ti wewengkon wetan Gunung Pataka." ngadenge omongan Ki Gorda kawas kitu, Ki jenuk saparakanca reuwas katurug bungah. Maranehna Teu nyangka bakal leupas tina panyiksa Ki Gorda. "Tapi kula perlu katerangan nu leuwih jentre jeung saujratna dina hiji perkara". Ujug-ujug Ki Gorda neruskeun omong nyela lamunan Ki Jenuk saparakanca. Ki Jenuk ngarenjag terus nanya, "katerangan perkawis naon pangersa?" "Kaula nagdenge iber nu reu pati teges tina omongan jelema awam, ceunah aya omongan ti Si Kalangkang nu nangtang patelak jeung kula. Naha bener? Jeung kumaha nu sacerewelen Kajadianana?" Tanya Ki Gorda ka Ki Jenuk. Ki Jenuk rada ngejat asa diingetan. Apan perkara eta pisan nu nguatkeun niatna hayang buru-buru lapor ka Ki Gorda. Manehna hayang pisan Ki Gorda mere tindakan nu telenges ka Si Kalakangkang nu geus jelas2 kukubuk nangtang galungan ka Ki Gorda. Binasana Si Kalangkang ku leungeun Ki Gorda tanwande bakal ngubaran nyeri hate jeung dengdem manehna. "leres pisan pangersa, eta katerangan teh anu saleresna kaalaman ku simkuring". Ki Jenuk ngaenyakeun. "Langkung jentrena mah kieu pangersa, Si Kalangkang nangtang tarung pamustungan ka pangersa dugi ka salah saurang ngakeupas nyawa. Malihmah Si Kalangkang teh nyarita nu kacida culanggungnga ka pangersa". Ki Jenuk ngarandeg. Ki Gorda nempas teugeug, "na nyarita naon eta si atah adol teh? Tong ragu-ragu geura omongkeun ka Kula!" Ki Jenuk neruskeun nyarita ngawani-wanikeun maneh, "majarkeun ceunah pangersa tiasa milih antawis tarung jeung manehna atanapi tobat teras serah bongkokan ka manehna." "Bangsaaatttt !!!". Hiuuuuuukk...Gebroooo..!!! Teu pupuguh meja jati nu kawilang kandelna burakrakan ajur mancawura dijejek ku suku kenca Ki Gorda, nu burahay beungeut kacida ambekna. "Dimana jeung iraha manehna hayang tarung nepi ka moddaar jeung kaula h'euuh ??" Tanya Ki Gorda bari ngareret seukeut ka Ki Jenuk. Bari ngayekyek ngeleper beak karep Ki Jenuk ngawaro, "Si Kalangkang nangtang tarung ka Pangersa tempatna di Lengkob Ciburayot bawahan kalér Gunung Pataka, waktosna dina bulan ka lima, wanci janari sapi!” Ki Gorda sajongjongan cicing bari tetep beungeutna mah semu geuneuk ngararasakeun ambek anu pohara gedena, asa disapirakeun jeung dicacampah ku budak kamari sore. Teu lila manehna ngomong tarik jeung teugeug, "Dengekeun ku sakabeh nu aya didieu. Aing rek nandean kahayang jelema nu ngarana Si Kalangkang dina tempat jeung waktu nu dipikahayang ku mamehna. Jenuk, pangaturkeun kumaneh, bawa 30 jelema nganteur kaula dina waktu eta. Lain kudu ngabantuan kula gelut, cukup jang nyaksenan wungkul, jeung keur ngagempur rahayat lembur Cikuniang sanggeus kula beres modaran Si Kalangkang. Urang Ci Kuniang kudu dibasmi nepi ka akar-akarna sabab geus wani ngalawan ka Kula katambah ngomplot jeung Si Kalangkang nyangsara badega-badega Kula. Kaharti ku maneh sakabeehh ???"" Ngartoos Nuun...parentah siap dilakonan.." saur manuk hempak sakabeh jelema nu aya di eta rohangan jeung diburuan ngahayukeun parentah Ki Gorda nu jadi dununganana.


Poe ka poe, minggu ka minggu, bulan ka bulan nyerelek teu karasa. Waktu nu ditunggu, mangsa nu ajam teu burung datang oge. Mangsa manjing janari sapi dina bulan ka lima, poe kahiji, di suku Gunung Pataka, persisna di lengkob Ciburayot, kasampak aya jirim ngabelegbeg hideung ngabejega bari sidakep dina lemah ampah anu sakurilingna diriung ku rungkun jukut kurang leuwih satangtung hulu. Eta dedeg ngaragameneng lir patung, neuteup seukeut ka beulah kaler, teu kagareuwahkeun ku tiisna peuting jeung melewungna ajag nu babaung ti kaanggangan. Teu lila.. gorobas, gorobas, gajleng, kolepat...cle...ti beh kaler aya jirim jangkung badag ngabelesat bangun nu hampang norobos tangkal jeung jukut, anu saterusna napak kurang leuwih 10 deupa ti jirim nu kahiji. "Huahahahahahahahahaa", jirim nu karek datang ujug ngabarakatak seuri pikakeueungeun. "Jadi ieu jelema nu ngaran Si Kalangkang teh, nu rek nganteurkeun nyawana ka Aing. Karek manggih aya jelema nu geus bosen hirup, ngadon nangtang pasea jeung Aing. Baeu kadieu siah! Ku Aing ditambul jeung peujit-peujitna. Huahahahahahahahaha..!" Rupana nu karek datang teh Ki Gorda. Bahasana nguntup nguyup pisan. Si Kalangkang, nu teu weleh make teregos, kalayan kalem teu kapangaruhan, ngajawab, " hehehe..meunggeus tong loba hohoak nyingsieunan, kula lain budak olol leho nu bisa disosoak. Nu puguh silaing ayeuna kudu milih, meuning tobat atawa modar na leungeun kula". Omongan Si Kalangkang nu pondok tapi seukeut nguniangkeun amarah Ki Gorda nepi ka momolona, "Bangsaaattt! Moddaar Siahh!" Belesurr Ki Gorda hiber sajorelat nojo kana hulu Si Kalangkang, jekok-jekok-jekok... leuwih ti sapuluh panggitik suku dina waktu sajorelat narajang hulu Si Kalangkang. Orokaya Si Kalangkang kalayan sarua cepetna nakis eta panggitik ku lengenna bari mundur sabaraha lengkah katukang, nu terus rada  ngagolosor kadorong ku tanaga panggitik Ki Gorda nu pohara kacida. "Heup ahh! Ayeuna bagean kula ! Hiuk-hiuk-hiuk...leuwih ti sapuluh kali tonjokan susun nu merekpek sajorelat, ngaheumbat ka beungeut Ki Gorda..ngan orokaya, dina linghas nu sarua Ki Gorda guwar-giwar jojorelatan nyingkahan jurus susun super cepet ti Si Kalangkang, nepi ka euweuh hijige nu meneran keuna. Teu poho, Ki Gorda ngagiwar bari mundur apik sabaraha lengkah katukang. Kalayan teu kanyahoan manehna malik maling najong satakerna kana angen Si Kalangkang, serepettt...jebroddd!! Tapi Si Kalangkang teu eleh geleng, manehna kaburu keneh eta serangan ku dua pigeulang leungenna nu weweg. Sorodotttt....! Ki Gorsa jeung Si Kalangkang pada-pada nyorodot ka tukang, kabawa ku tegtogan tanaga panggitik Ki Gorda nu bedas kacida. Dua-nana masih ajeg dina kuda-kuda sewang2an ku sarua wewegna. Bari teu lepas tina silih pencrong embung kapiheulaan babar, duanana pasangan bari katenjo semu renghap ranyug ngatur napas. Opat geprakan serangan silih wales nu teu beubeunangan geus cukup mere gambaran takeran kakuatan sewang-sewangan. Boh Ki Gorda jeung Si Kalangkang, sarua bisa ngarampa yen manehna teh keur galungan jeung jelema nu lain samanea. Mun nepi ka cileureun terus kapalingan panarajang, tangtu salah sahiji bakal narima balukar anu parna. Saterusna tarung teh lumangsung ragot kacida. Kurang leuwih geus rek manjing subuh dua jawara linuhung masih silih serang dina gerakan nu sarua kilatna bari jeung can katingal mana nu kadeseh jeung bakal pieleheun. Lemah ampah tempat galungan, geus teu puguh rupa, siga nu geus digaley di sasaak ku rombongan banteng. Malah jukut jarangkung sakuriling oge milu patulayah rarumpung ka sabet ku nu keur bitotama parebut pati. Ti beulah Kaler rada anggang, kasampak 30 urang badega Ki Gorda nyaksenan kalayan teu tenang nu keur galungan. Sedengkeun ti beulah kidul mun ditenget-tenget kasampak aya sabaraha jelema keur ngadepong jeung ngahephep dina tukang tatangkalan, sarua keur susulumputan nyaksenan nu keur tarung. Rupana maranehna teh warga ti Cikuniang, nu dipingpin ku Aki Suhanta, nu panasaran hayang nenjo langsung patelakna Ki Gorda jeung Si Kalangkang.

Sanggeus lumangsung kurang leuwih lima welas obor baralakeun, tarung dua jawara teh geus ngageser tina adu teuas jeung linghas kana adu tanaga ghoib. Duanana geus mimiti ngaluarkeun kasakten pamungkasna sewang-sewangan. Dina hiji kesempetan Ki Gorda ngabekaskeun elmu andelanna nu katelah aji semplak waja. Dua leungeunna dikeupeulkeun tipepereket, terus diheumbatkeun ka palebah Si Kalangkang bari dampalna dibuka. Mareng jeung eta, tina leungeunna kaluar siga kilat ngaburinyayy ngahantem satarikna kana awak Si Kalangkang, nu kaget teu nyana rek diserang samodel kitu.."modarr siahh!". Jelegerrrrr !!! "Aaahhhhkhh..!!" Koleang awak Si Kalangkang mabeng kurang leuwih lima tumbak ka tukang terus ngagorobas ninggang dapuran jukut jangkung nu bala. Ki Gorda teu nunda kasempetan, belesur manehna luncat sakolepat bari mesat bedog nu ngaburilak moro ka Si Kalangkang nu ngusruk ka na rungkun. Maksudna rek ditelasan sakalian, sangkan tarung nu taya eureuna teh buru-buru lekasan. Balad-balad Ki Gorda satengah surak nenjo dununganna aya dina kaaunggulan. Sabalikna Aki Suhanta sapakarakanca ngaleketey lungse, ngabayangkeun pananggeuhan maranehna, Si Kalangkang, palastra ngajampana mayit. Tapi teu pupuguh, jelegurrr !!! Aya sora siga lodong karbit bitu tarik pisan, terus saharita keneh belesurrr...aya awak nu mangpeng bari hurung tina lebah rungkun tempat ragragna si Kalangkang. Koleaaaang...eta awak ngajaul jauh bari luhur terus ragrag ditengah lemah nu ampah...Gedebutttt !!!!....gerepek-gerepek eta awak teh gugulingan bari cocorowokan bangun nu nyeri kacida....tobbaatt...panaaasss...ammpuunnn...tobaatt...Singhoreng nu mangpeng teh Ki Gorda..nu keuna ku jurus pamungkas si Kalangkang, nu nelah aji kala geni. Awakna hurung karurup seuneu nu ngaduruk bajuna. Manehna gugulingan dina lemah, usaha satekah polah mareuman seuneu nu ngancam awak jeung nyawana. Sanggeus gulang-guling lumayan lila, seuneu na awakna geus pareum. Ngan orokaya manehna geus teu bisa walakaya. Saawak-awak geuseng jeung rada bau hangit balas kaduruk. Boro-boro malik deui narajang, hudang ge geus teu kaduga. Manehna ukur renghap ranyug bari humaregung ngarasakan awak nu karerab pohara. Teu lila, ti palebah rungkun jukut jangkung kuniang aya nu kaluar bari rada sosoloyongan, singhoreng si Kalangkang. Bari awakna rangsak, baju rabet saroeh, oge teregosna ge locot, manehna mesat bedog panjang nyampeurkeun ka palebah Ki Gorda nu keur ngalempreh teu mangga pulya. Sanggeus deukeut manehna ngangkat bedog na luhur sirahna, maksudna rek ditigaskeun kana beuheung Ki Gorda keur mungkaskeun galungan. "Tobat ! Ampun Kalangkang ! Kula ulah ditelasan. Kula rumasa geus eleh ku silaing! Kula masih keneh hayang hirup. Bere kasempetan kula pikeun tobat jeung menerkeun hirup pikahareupeun". Kadenge sora Ki Gorda haroshos tapi tarik ngucapkeun taluk ngaku eleh ti Si Kalangkang. "Allohu Akbar !!! Allohu Akbar !!! Den Kalangkang meunang ! Den Kalangkang meunang !" ujug-ujug aya sora reang ti belah kidul bari terus rabul jelema kaluar tinu poek nyampeurkeun ka palebah Ki Gorda jeung Si Kalangkang. Rupana Aki Suhanta sapakaranca keur ngabudalkeun kabungahna sanggeus nyaho teges Ki Gorda geus kasoran serah bongkokan. Sanggeus deukeut, gebeg Aki Suhanta ngagebeg reuwas, "Jang Jumad?" Kutan Anjeun eta teh?" Jadi si Kalangkang teh Anjeun sorangan?" Aki Suhanta satengah teu percaya nenjo beungeut si Kalangkang nu teregosna geus locot. Si Kalangkang nu tetela Jumad tea, badegana Aki Suhanta nu salila ieu marengan, tungkul bari nyarita, "Hampura Aki, abdi salila ieu geus nyamur nutup diri dipayuneun Aki. Teu aya sanes abdi gaduh maksad hoyong teu ngagareuwahkeun urang lembur dina ikhtiar numpes Ki Gorda jeung karamanana. Alhamdulillah ayeuna urang sadayana tos diijabah meruhkeun Ki Gorda, kalayan aya langkungna, nyatana manehna daekeun deui tobat mulang ka Jalan anu lesere".


Satutasna perang campuh dua jawara nu dimeunangkeun ku Si Kalangkang alias Jang Jumad, Ki Gorda babalik pikir, ngalakonan taubat mulang deui ka jalan bener. Sabagean gede badegana oge nuturkeun tapak lacak dununganna, babalik pikir mulang ka jalan kahadean, ngaleupaskeun kasab bebegal. Sabagean leutik usung-esangan nu teu kaseblok hidayah, nolak babalik pikir, mabur paburencay kadeseh ka tempat-tempat jolok di pileuweungan. Ki Gorda jeung wadya baladna geus robah jani jelema nu tatahar deui hirup kumbuh dina kahirupan anu normal jeung bener. Ku wasilah si Kalangkang maranehna tos diragragkeun ku Alloh SWT dina sagara cahya kabeneran, Nu ngabalikeun hirup maranehna tina poek meredong kana cahaya caang baranang. Kahirupan rahayat di wewengkon Gunung Pataka mulang deui kana kahirupan anu aman kerta raharja. (Tamat).


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 4-Tamat) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan