728x90 AdSpace

Update
12 September 2021

Lié Ong Tién Kaleleban

Didongengkeun ku: Oleh: Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh ) 

(Wakil Ketua Dewan Kebudayaan Kuningan)

Ujaring carita tina lalampahan anu dilakonan ku Sunan Gunung Jati, ti awit Nagri Mesir dugi ka pulo Jawa. Salami di perjalanannya anjeunna teu reureuh da’wah nyebarkeun saréat Islam ka masarakat di nagri anu kungsi kaanjrekan. Utamana di wilayah-wilayah ka simpangan jeung kaanjrekan kaasup di daratan Cina. Anjeunna kantos nganjrek sababaraha lami di nagri Cina, sateuacanna dugi ka tanah Sunda. Di dinya anjeunna dikenal pinter sarta ngagaduhan élmu pangaweruh anu luar biasa, kaasup ubar-ubaran jeung cara ngubaranana. 

Nya dina waktu éta, agama Islam geus mimiti sumebar ka nagri Cina. Malah salasahiji daérah Islam di Cina, nya éta kota Xian, daérah anu pangeusina loba nu geus ngagem agama Islam. Hal éta lantaran sumangetna Kangjeng Sunan dina nyebarkeun saréat Islam.

Tina béja pabéja-béja, nya kaémpér-émpér warta yén aya ulama asal Jawa anu bisa ngubaran rupa-rupa kasakit tan ngagunakeun ubar-ubaran saperti anu salila ieu diparaké ku para tabib Cina. Ieu ulama téh taya lian ti Susuhunan Jati atawa anu nelah Sunan Gunung Jati. Anjeunna ngan ukur mopoyankeun ka nu keuna ku kasakit sangkan ngalakukan gerakan-gerakan solat anu husu tur tartib, ku cara kitu Insya Allah bisa nyageurkeun jalma anu gering téa. 

Béja kasaktén Susuhunan Jati téh nya nepi ka Kaisar. Tina kitu jenengan Sunan Gunung Jati mingkin lami mingkin mashur, nepi ka Kaisar Hong Gié ngarasa kaganggu katingtrimana. Pikirna asa kalindih pamor ku sémah, ti rahayatna. Tapi, mungguh Kaisar tangtu teu percaya ukur ku béja. Ku lantaran éta, nya Susuhunan Jati disaur ku Kaisar Hong Gié di karajaan, sangkan madep ka Kaisar. Anjeunna badé dipentés sarta diuji kasakténna, kudu bisa ngabuktikeun kasaktianana. 

Saterusna Kaisar Hong Gié ngadangdanan putri kaasihna Lié Ong Tién sangkan katingali kawas anu keur kakandungan. Lebah padaharan Lié Ong Tién disimpenan bokor kuningan. “Wéyahna geulis, ku ama rék didangdanan sangkan éta padaharan katawis ageung.” Kitu pokpokan Kaisar Hong Gié. Demi Putri Lié Ong Tién, atawa Putri Tan Hong Tién Nio, atawa disebut ogé Ong Tién Nio téh putrina Kaisar Hong Gié dina mangsa dinasti Ming. Ayeuna mudu réla sagala aturan anu ditetepkeun ku Kaisar, anu kasebutna Anak Langit. 

“Dupi maksad Ama téh badé kumaha?” Putri Tan Hong Tién Nio, nalék ramana.

“Engké ogé kahartos ku nyalira, Geulis! Ieu demi kawibawaan rama hidep, demi kawibawaan kakaisaran Tiongkok.” walon Kaisar Hong Gié. “Jung ayeuna mah hidep geura ka hareup, jajar pinara jeung para gegedén, prajurit, ogé para tatamu!” 

“Naha moal naon-naon kitu, Ama?” talék Ong Tién, hariwang.

“Moal, geulis, moal nanaon!” walon Kaisar Hong Gié.

Énggalna carios Kaisar Hong Gié parantos aya di payuneun para tamu kalebet Sunan Gunung Jati anu ngahaja disaur ti panganjrekanana─madep ka kakaisaran. Kaisar Hong Gié linggih dina korsi karajaan. Sang Kaisar katawis gagah perkosa, sorotna pinuh wibawa. Teu kantos lami langgéor Nyi Putri Ong Tién madep ka payuneun para tamu, diiring ku para dayang. Tatamu anu arapal kana maksud kaisar ukur crukcrek bari mésem, teu betus najan sakemék, ari anu teu apaleun katawis kagéteun, ari margi, “kapan Putri Lié Ong Tién téh lagas kénéh, tapi naha ayeuna bet kawas anu keur kakandungan?” kitu gerentes patalékan dina haténa. 

“Jelegur!” sora bendé handaru, tanda gempungan téréh prung. Calagara ngabéwarakeun yén acara rék dikawitan. Kalawan tatag Kaisar Hong Gié cacarita ka nu ngariung.

“Hé, Ki Patih, para Mantri, para abdi dalem sakabéh. Nya kitu deui Ki Silah, tatamu ti tanah Jawa. Bagéa!” Kaisar mimiti muka carita. “Moal panjang nu kapicatur. Kaula rék langsung kana poko perkara. Ménta disaksén ku arandika!”

“Nyakséni ...!” ceuk balaréa, ngajawab.

“Kieu saenyana. Kaula rék nalék heula ka tatamu. Hé, Ki Silah, saha saenyana sajatina sampéan, ti mana asal, di mana nya dumuk. Jeung, naon maksudna anjeun aya di dieu?”

“Sumuhun pariksa Gusti. Kaula wasta pun Maulana Insan Kamil, atawa disebut ogé Syarif Hidayatullah asal ti tanah Sunda, terah nagari Pajajaran, di Kapangéranan Caruban lembur matuh. Kaula ogé nelah jujuluk Sunan Gunung Jati. Di ieu nagri, kaula nganjrek di kota Guangzhou ...”

“Maksud?” Kaisar Hong Gié megat carita.

“Dupi maksad kaula aya di dieu, taya lian ti ngaraketkeun silaturahmi antawis sasami muslim, wiréh di Guangzhou parantos seueur anu ngagem agama Islam. Kitu manawi!” waler Sunan Gunung Jati.

“Enya tapi andika matak ngabarubahkeun Ki Syarif! Andika ngaku-ngaku manusa wacis, bisa nyageurkeun sakur rahayat Guangzhou anu keuna ku kasakit, nepi ka tabib-tabib di ieu nagri luntur pamorna. Di ka manakeun wibawa kaula Ki Syarif?” Kaisar Hong Gié mimiti wera.

“Teu pisan-pisan. Kaula teu badé ngusik-ngusik kawacisan para Tabib, mun sok komo nyisikudi kawibawaan kakaisaran. Kaula mung sakadar tulung-tinulungan. Mun nulung nya mudu ka nu butuh, nalang mudu ka nu susah. Kaula henteu ngaku-ngaku miboga kawacisan jeung kasaktian, da sadaya kersaning Alloh. Kapan jodo, pati, bagja, jeung cilakana manusa anging Alloh anu uninga. Kitu Pangersa.” walon Syarif Hidayatullah.

“Kieu waé atuh. Cacarita jeung rebut gunem mah moal anggeus dua poé. Ayeuna mah wéyahna andika rék diperih élmu, dipentés gawé.”

“Ngiringan sapangersa. Gusti Kaisar.”

Sanggeus kitu Syarif Hidayatullah alias Sunan Gunung Jati dipiwarang neguh atawa norah kaayaan anu sabenerna Nyi Putri. Putri Lié Ong Tién anu patuanganana diganjel ku bokor kuningan ngahaja digedengkeun sareng rakana anu nuju kakadungan tilu sasih. Syarif Hidayatullah disuruh nebak, nu mana saényana, dua putri anu nuju kakandungan. 

Gusti Pangéran Syarif Hidayatullah, dipentés kitu téh malih nunjuk yén Ong Tién anu nuju kakandungan, sanés nunjuk rakana Putri Ong Tién. Atuh éar sakaraton, sasat diwiwirang, kawacisan jeung kasakténna dianggap bohong. Kaisar katut para abdi dalem sareuri ngagakgak, ngagumujengkeun Susuhunan Jati. 

“Ha ha ha ..., bodo andika Ki Syarif ...!” Ceuk Kaisar Hong Gié, alatan waleran Sang Sunan nunjuk Putri Tién Nio anu nuju kakandungan. Atuh puguh waé, Kaisar Hong Gié ngawiwirang sarta ngékéak. Hong Gié ngarasa bisa ngabuktikeun, yén tétéla Sang Sunan henteu wacis sakumaha diwartakeun ku balaréa. 

Sabada urusan di istana Kaisar Hong Gié, réngsé, Sunan Gunung Jati neraskeun lalampahanana, mulih  ka pulo Jawa, ka tanah Sunda. Bari dina manahna tibelat ka Putri Ong Tién anu kedah nanggel tuduhan, yén anjeunna nuju kakandungan.


Kacarios Putri Ong Tién. Sabada Syarif Hidayatullah mulih, aya kajadian anu ahéng tur matak kagét tumiba ka Putri Ong Tién Nio. Nalika anjeunna lebet ka kamer, anu maksadna badé ngudar dangdosanana, ngalungsurkeun bokor kuningan tina beulitan beber dina patuanganana, putri kagét luar biasa. Bokor kuningan ilang tanpa karana, ari patuangannana ngageungan sapertos anu nuju kakandungan. Lié Ong Tién ngajerit maratan langit, ngocéak maratan méga. Saharita kapidara.

“Amaaa ..., tiwas Amaaa ...! Putra leres-leres babadan dua ...!” 

Atuh ibur sakaraton Lié Ong Tién kakandungan. Para dayang rampang-reumpeung, hareugeueun ningali Nyi Putri kapidara, “Aduh Ndén, kumaha ari tos kieu?” ceuk saurang dayang. Dayang nu lianna ideng nyandak cai keur ceuceuh. Laju dicareuceuhan sangkan énggal sadar sabihari.

Kaisar Hong Gié. Barang ngadangu anu ribut di padaleman, énggal anjeunna mariksa, “aya kajadian naon di kamer Lié Ong Tién?” Hong Gié kalintang kagétna ningal Putri Ong Tién dicaleungceurikan sareng dicareuceuhan ku para dayang pangasuh. “Aya naon ieu téh, mana ribut-ribut teuing. Ku naon Ong Tién?” Kaisar Hong Gié hookeun. 

“Tiwas Gusti Ndén Putri sapertos nuju kakandungan. Bokor kuningan anu dianggo ganjel geuning ilang tanpa karana.” ceuk dayang, luluguna.

Sajongjongan Kaisar Hong Gié teu sasauran. Ras anjeunna émut kana kasauran Jeng Maulana Insan Kamil. Ngajelengéng kénéh kana cepilna, katingal kénéh curukna anu nunjuk Lié Ong Tién, nuju kakandungan. Lajeng anjeunna ngagerentes dina manahna bari lambéyna ngagerencem, nyambat-nyambat Jeng Maulana Insan Kamil, alias Syarif Hidayatullah. “Tabé pun Sang Pangéran, Jeng Maulana Insan Kamil, kami ménta maaf tina kasalahan anu geus dipilampah ku kami. Hampura kami!” Kitu jerit haténa Kaisar Hong Gié.

Kalah ku dicareuceuhan, lami-lami mah Ong Tién Nio lilir tina kapidarama, bray socana beunta, rurat-rérét ka kiwa tengen, bangun aya anu diilari.

“Lilir, geulis! Tos émut?” ibuna Lié Ong Tién naros bari rambisak.

Nyai putri Ong Tién Nio teu ngawaler éta patarosan. Margi dina manahna nu dipiémut, nya éta Jeng Maulana Insan Kamil. Anjeunna ogé ngaraos heran, naha bet katurih ati kapentang asmara cinta, aya timbul rasa tresna ka Syarif Hidayatullah. 

“Mana ..., mana Kakang Insan Kamil? Ka mana? Kakang ... ieu abdi ..., Nyai ngiring Kakang ...!” kitu cacariosna Nyai putri Ong Tién Nio, tambih kaleleban.

Lami-lami kasadaranana pulih sabiasa. Atuh langsung putri Ong Tién balaka ka ramana, yén anjeunna ngaraos kaleleban, janten nineung ka nu mulang, hoyong nyusul ka tanah Jawa, ka tatar Sunda, sejana mundut ditikah ku Sunan Gunung Jati. 

Tina éta kajadian, Kaisar Hong Gié janten sadar kana kaluhungan Sunan Gunung Jati. Hong Gié jadi ngarasa yakin yén hirup manusa henteu cicing dina hiji martabat, luhur aya anu ngaluhuran, leuwih aya anu ngaleuwihan.

Kénging sababaraha dinten Putri Ong Tién ngaraos teu damang manah, mun beurang suda kana tuang, mun peuting teu raos kulem. Ahirna mah Lié Ong Tién diwidian nyusul Pangéran Syarif Hidayatullah, ka tanah Jawa, tatar Pasundan sarta seja meredih sangkan dijantenkeun garwa ku Susuhunan Jati. 

Gutrut Kaisar Hong Gié ngadamel serat, anu eusina; saperkawis neda pangapunten tina sadaya kalepatan anu karandapan dina riungan; kalih perkawis, neda rido dipiharep ku putrina, Lié Ong Tién, anu hoyong nikah ka Jeng Maulana Insan Kamil. Éta serat dibekelkeun ka putrina ku anjeun.

Nyi Putri dijurung laku, disarengan saratusan pangiring awéwé lalaki jeung nangkodana, tujuanana ngajugjug ka pulau Jawa, ka nagari Cirebon, seja nepungan Mas kabeureuh anu teu weléh dipicangcam. 


(Disarikeun tina 

Babad Tanah Sunda, PS Sulendraningrat jeung sumber lianna)


▪  Téma dongéng: Luhur aya anu ngaluhuran.

▪  Ajén moral      : 1. Kajujuran leuwih hadé jeung utama tinimbang pura-pura. 

2. Gancang ménta dihampura lamun urang mémang salah, sasrta urang kudu bisa silih hampura.

▪  Kecap sosi       : SUABAN, nganggap énténg, nganggap lemah ka batur, boh ka sasama manusa boh ka mahluk gaib, biasana ku omongan


________________________ 

▪  Lié Ong Tién =  Tan Hong Tién Nio = Ong Tién Nio

▪  Maulana Insan Kamil = Syarif Hidayatullah = Susuhunan Jati = Sunan Gunung Jati


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Lié Ong Tién Kaleleban Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan