Hot News
26 Maret 2022

Marhaban Ya Ramadhan



Assalammualaikum Wr. Wb. Sampurasun.


 Marhaban Ya Ramadhan. 


Dilembur geus jadi kabiasaan, ari rek nyanghareupan bulan pusa teh.


Pidua minggueun keneh geus rame, seah,beberesih, nusamak karpet tajug, musola di karumbahan, turmasjid, tajug diberesihan dilabur atawa diarecet.


Jeung nadeui kabeh di paimahan sok sasadia bekel dahareun keur saur jeung buka,engke dina ngalaksanakeun puasa.


Ambeh teu berat teuing neangan bekel dina bulan puasa.


Barudak ngora ari sore-sore sok rame narabeunh genjring tujuanna mapag datang na bulan puasa. Marhaban Ya Romadhan , 

tur lalatihan keur ngahudangkeun sahur, aya nu ku genjring aya nu ku koprek atawa ku dodog reog. 


Ari baretomah lampah kuring keur leutik sok rame darderdor ting beletek sora belecon sapu, pepeletekan bebedilan tina pentul korek api. jeung beledugna sora seseblongan tina awi nu make minyak tanah ,karbit,di sarundut ku barudak.nandakeun ekdatangna bulan puasa.

 

Jeungna deui waktu harita da can aya listrik jadi munrek nyamhareupan bulan puasa, sok ngayakeun kerja bakti puraga beberesih di pajaratan, dijalan lembur ,gang tur di pakarangan jeung na deui di paimahan sok nyarieun, nyariapkeun lantera/lampion atawa ancor .


Nudi pasangkeun make tihang kuawi di hareupeun imah, di beungeut gang jeung di pinggir- pinggir jalan anu nuju ka masjid,ka tajug atawa musola tujuana ngarah caraang,tur nyarenet, tingkariceup di tiap imah,gang,tur di pinggir jalan,  mun katingali tikajauhan teh kalah matak waas tur endah pisan. . 


Supaya mun rek taraweh jeung nurek ngider ngahudangkeun saur.teu talag tolog di jalanna.

 

Tapi ari nu jadi ukuran mah urang  teh kudu buleud ku tekad tur niat nu kuat jeung lillahitaalla ek ngalaksanakeun ibadah puasa sabulan penuh. 


Kabeh jalma nu dilembur nyaritateh ngan geusboga naon ek puasateh. 


Terutama kudu boga bekel tursasadia saayana ti ayeuna keneh tina dahareun nuaya di lembur diantawis: 

Kopi geus dirosoh disanggray jeung di tutuan jang opieun, gaplek di tutuan di jieun tipung jang gemeteun,kalapa diparud di jieun salundreng, 


Cau nangka digoreng di jieun kirripik, goreng pisang,gadung dijieun kirripik, tangkil dijieum emping, 


Sapeu diparud di jieun beca, antias,jablog jeung gemlong,


Beas ketan jang nyieun,papais,peuyeum, raginang, tetel,wajit,gendar,opak tur hades jeung dedeblag. 


komo taleus bogor, hui,ganyong,sagu keur wedang jajabur. 


Boled,cau tanduk, waluh gede, kacang hejo, hanjeli, jeung caruluk/cangkaleng mah geus disiapkeun jang nyieun kolek, bubur. . 


Kacang beureum, kacang enjong,kacang kedele, jaat jeung suuk jang gorengeun jeung angeunneun. 


Nya kabeh keur bekel ngalaksanakeun ibadah puasa, teu meuli-meuli teuing ambeh jongjon turtumaninah puasana, jeung ambeh teu cape teuing neangan bekel.supaya tenang pikir tenang hate, khusu kana ibadah puasana. 


Ieu kabeh nandakeun kasiapan, kasumagetan jeung kasugemaan hirup da ek ngalaksanakeun puasa teh.


Reueus jeung karasa euyeubna ari dilembur mah tur sarumanget pisan.kasiapan keur ngalaksanakeun ibadah teh,kompak tur sauyunan estu silih hargaan. .


Mudah-mudahan kuniat tianggalna keneh geus jadi patokan keur ngalaksanakeunana ibadah,tur taket, teu batal puasana.tur kenging ganjaran. 

Aamiin...! 


Punten pisan, ieu mah estu lampah kuring nu karaos di lembur singkur pilemburan Citangtu dumukna. 


Mangga permios. Wassalammualaekum Wr. Wb. .


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Marhaban Ya Ramadhan Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan