728x90 AdSpace

16 Desember 2017

Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda


Ku Drs. Dodo Suwondo, M.Si. (Hyang Purwa Galuh)
(Kuningan, Saptu 16 Desember 2017) 

Kabudayaan
Kabudayaan asalna tina basa Sanskerta buddhayyah nyaéta bentuk jamak tina buddhi nu hartina "budi" atawa "akal" (Koentjaraningrat, dina Soerjono Soekanto, 1990 : 188 ). Sedengkeun harti kabudayaan éta sorangan nurutkeun Prof. Dr. Selo Soemardjan jeung Dr. Soelaeman Soemardi (1974 : 113), nyaéta hasil karya, rasa, jeung cipta masarakat. Kabudayaan téh mangrupa hasil diajar nu gumantung kana mekarna kamampuh manusa nu unik dina ngamangpaatkeun simbol, isarah nu euweuh paksaanna atawa hubungan alamiah dina hal-hal anu ku maranéhna dipertahankeun.
Unsur-unsur kabudayaan:
1. sistem religi jeung upacara kaagamaan
2. Sistem jeung organisasi kamasarakatan
3. sistem pangaweruh
4. basa
5. kasenian
6. sistem pakasaban
7. sistem teknologi jeung peralatan

Unggal bangsa jeung suku bangsa mibanda étos, kultur, sarta budaya anu béda-béda. Nya kitu deui suku Sunda. Nu matak tong anéh lamun aya bangsa atawa suku bangsa anu boga kahayang pikeun nancebkeun étos budayana ka sélér séjén, alatan nyangka atawa ngarasa yén étos sarta kultur budayana mibanda kaonjoyan. Kabiasaan ieu nyampak dina étos sarta kultur budaya bangsa urang, alatan dina sawatara dékadeu geus kahébos ku budaya bangsa séjén.

Arus modérnisasi ngagempur budaya nasional urang anu jadi jati diri bangsa. Budaya nasional kiwari karasa asa tinggaleun, komo aya anggapan ti generasi ngora anu boga rasa éra lamun kudu diajar kasenian tradisional, lian ti kitu dianggap teu méré mangpaat. Rasa kabangsaan mingkin dieu mingkin leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih nerekab ti batan budaya sorangan, kaayaan kieu ogé lumangsung dina budaya Sunda. Ku kituna laun-laun urang Sunda bisa leungiteun jati dirina.

Pikeun nyanghareupan ieu bangbaluh, aya alusna lamun urang nyoréang ka tukang sarta bari ngaléngkah ka hareup bari nékadkeun manéh rék ngajingjing banda sorangan. Diajar, sarta ngumpulkeun keusik mutiara anu ambaracak salila ieu, loba papatah anu kapopohokeun, alatan henteu kungsi kabaca ku nu bogana. Hal ieu lantaran kurang boga kahayang pikeun diajar, komo maranéhanana méré anggapan tinggaleun jaman.

Lamun ditalungtik, sabenerna pamor étika moral Sunda boga hasanah hikmah anu rongkah, hal éta kagambar liwat talarina.

Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup. Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu, di antarana waé nyaéta aya lima, cageur, bageur, bener, pinter, sarta singer anu diwariskeun ti jaman Salakanagara, Galuh, jeung Pajajaran.
•    Cageur, nya éta séhat atawa waras boh jasmani boh rohani, dina harti séhat lahir jeung batinna─teu kaancikan ku rupa-rupa panyakit;
•    Bageur, nya éta ajeg boh lampah boh paripolah;
•    Bener, nya éta henteu bohong, henteu asal-asalan dina migawé pancén pakasaban, amanah, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, sarta henteu ngarusak alam;
•    Pinter, nya éta beunghar tur luhur ku élmu, mikirna gancang, sarta ngarti kana naon-naon anu kudu dipigawé/diputuskeun;
•    Singer, nya éta hadé gawé, hideng, gampang ngarti kana naon anu kudu dipigawé, sartatara nunggu parentah heula.

Salian ti genep padika hirup di luhur, aya palasipah urang Sunda anu dijadikeun cecekelan, nya éta silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Hal éta ngandung harti yén antara urang jeung urang téh mudu (1) silih asah, dina patali sosial urang téh mudu silih béré pangarti, silih papatahan, silih naséhatan, jeung atawa silih wasiatan; saterusna mudu (2) silih asih, hartina mudu silih pikanyaah.

Urang hirup téh henteu nyorangan, butuh batur pikeun pakumaha, sabab masing-masing baroga kaunggulan jeung baroga ogé kahéngkéran, nu kaya butuh ku nu kurang, sabalikna nu kurang butuh ku nu kaya, nu pinter butuh ku nu bodo, jeung sabalikna, jsté. Ari (3) silih asuh, nuduhkeun yén antara urang jeung urang mudu silih ayonan, teu hadé pakia-kia. Prakprakanana silih geuingkeun, silih béjaan. Hade lamun urang bisa nempatkeun rasa asih ka nu leutik, silih hargaan ka sasama, jeung hormat ka saluhureun. Ieu anu dimaksud gotong royong.
Genep papagon hirup jeung tilu palasipah di luhur téh nyanekel kana pribadi sacara indipidu, anu engkéna sabada lumaku sacara global ngawarnaan hiji étnis, jadi mangrupa ciri sajati anu rumaket ka jirim manusa Sunda. Ieu oge anu ngawarnaan tujuh unsur-unsur kabudayaan, anu ngawengku: sistem religi jeung upacara kaagamaan; sistem jeung organisasi kamasarakatan; sistem élmu pangaweruh; basa; kasenian; sistem pakasaban; jeung sistem téknologi jeung papakakas/paparabotan.

Pikeun ngalanggengkeun banda budaya anu dimilik ku urang─étnis Sunda, tangtuna mibutuh tarékah anu jétu. Tujuanana di antarana pikeun mrotéksi sangkan budaya deungeun anu merul saeutik-saeutik bisa kahadang, salian ti éta ogé prosés ngawariskeun lumangsung ngaguluyur, teu kandeg. Teu saeutik cara sangkan prosés pewarisan bisa lumangsung kalawan lancar, di antarana nya éta:
    Méré conto ka barudak ku prilaku anu nyunda;
    nyontoan ngabiasakeun ngagunakeun basa Sunda dina sapopoéna;
    mangpaatkeun pangajaran basa, sastra, jeung seni Sunda (di sakola), anu merenah sarta di pakaitkeun jeung kaayaan jeung kabutuh lingkungan;
    laksanakeun program pendidikan berbasis karakter di unggal mata pelajaran (di sakola);
    daék teu daék nagara jeung pamaréntah mudu milu ngawarnaan, lantaran aya undang-undang anu jadi payung hukum;
    pikeun nyumponan hal éta, di pamaréntahan daérah diihtiarah ku ayana Perda (Kabudayaan).

B.  Peraturan Daerah
Peraturan daerah mangrupa hasil rampak gawé antara pihak Legislatif daérah (DPRD) jeung Éksekutif (Kepala Daerah) anu di jerona ngatur kapentingan umum anu aya di éta daérah. Keputusan Kepala Daerah nya éta wangun kaputusan anu dikaluarkeun ku Kepala Daerah boh Bupati boh Walikota.

Nurutkeun Irawan Sujito (1983:3) yén:
Dina hakékatna boh kaputusan boh peraturan pamaréntah, kaasup peraturan daérah, éta téh mangrupa hiji kaputusan, dina harti anu jembar anu ditetepkeun ku penguasa anu boga wewenang netepkeunana, lantara éta kabéh mangrupa wujud gagasan inyana anu mudu nyangking éta kaputusan. 

Sedengkeun ceuk Bachsan Mustafa dina bukuna ngeunaan Pokok-pokok Hukum Administrasi Negara (1985:95-96) nétélakeun yén peraturan nyaéta:
“Peraturan merupakan hukum (in abstracto) atau (generalnorms) yang sifatnya mengikat umum atau berlaku, sedangkan tugasnya mengatur hal-hal yang umum atau hal-hal yang masih abstrak, agar peraturan ini dapat dilaksanakan haruslah dikeluarkan ketetapan-ketetapan yang membawa peraturan ini ke dalam peristiwa konkrit, yang nyata tertentu.”

Jadi upama éta pasualan ditarik kana kontéks daérah, tangtuna peraturan daerah téh mudu ngatur hal-hal anu abstrak, sarta pikeun bisa dilaksanakeun upamana, masih kénéh mibutuh tindakan séjén sangkan  éta peraturan daérah jadi kongkrit.

Ku hal éta peraturan daérah ngeunaan kabudayaan anu ngawengku (1) kasenian tradiisional; (2) basa, sastra, jeung aksara Sunda; jeung (3) sejarah jeung ajén-inajén (nilai-nilai)  tradisional, éta mangrupa produk hukum di daérah anu kudu dilaksanakeun. Hal éta lantaran pikeun kapentingan ngalanggengkeun, miara, jeung mekarkeun banda-banda budaya anu dimilik ku daérah.

Saperti Perda Provinsi Jawa Barat ngeunaan (kabudayaan) Nomer 5, 6, jeung 7 taun 2003, nya litu deui Perda Kabupaten Kuningan ngeunaan (kabudayaan) Nomer 5, 6, jeung 7 taun 2006, anu eusina:
▪  Perda Nomer 5 taun 2006 ngeunaan pelestarian dan pengembangan kasenian daerah (tradisional)
▪  Perda Nomer 6 taun 2006 ngeunaan pelestarian dan pengembangan basa, sastra, jeung aksara Sunda
▪  Perda Nomer 7 taun 2006 ngeunaan pelestarian dan pengembangan sejarah dan nilai-nilai tradisional;
éta mangrupa produk hukum anu ngakomodir kapentingan pikeun ngamumulé banda budaya anu dimilik ku Kabupaten Kuningan.

Upama dipatalikeun jjeung téori di luhur, anu eusina di antarana mangrupa papasingan kabudayaan, jelas perkara basa jeung kasenian ngabogaan perda anu mandiri, sedengkeun anu lima bagian direngkolkeun dina hiji perda. Alhasil unsur-unsur kabudayaan anu tujuh pasing dina Perda (Kabudayaan) Kabupaten Kuningan jadi saperti kieu:
1.  Perda Nomer 5 ngeunaan: kasenian
2.  Perda Nomer 6 ngeunaan: basa (Sunda)
3.  Perda Nomer 6 ngawengku:  sistem religi jeung upacara kaagamaan; sistem jeung organisasi kamasarakatan; sistem élmu pangaweruh; sistem pakasaban; sistem teknologi jeung peralatan.
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan