Hot News
15 Agustus 2018

Sinopsis: Nu Ragrag na Sagara Cahya (Carbung 4 Bagean)

Bagean 1  Bagean 2  Bagean 3  Bagean 4 

Nyaritakeun mahabuna kakawasaan begal di wewengkon Gunung Pataka. Para begal ngabogaan jajahanna sewang-sewangan ku cara ngabagi-bagi wewengkon nu dikawasa ku sababaraha gegedug begal.

Salah sahiji gegedug begal, nyaeta Ki Gorda boga kahayang rohaka ngawasa sakabeh wewengkon. Ngarasa nguntup boga elmu maen po nu luhur, manehna nangtang tarung sakur gegedug begal sejenna. Anu saenyana, memang manehna luhur wewesen. Hiji-hiji para gegedug begal teh palastra dina campuh adu wewesen. Nu pamungkas manehna mergasa Ki Jaen, salah sahiji gegedug begal nu dianggap bisa mapakan wewesen Ki Gorda.

Ku tumpurna Ki Jaen, sakabeh wewengkon aya dina jajahan Ki Gorda jeung usung-esangna. Ngarasa jadi pangawasa tunggal, Manehna nambah telenges meres rakyat sakabeh lembur. Rahayat beuki ngoceak ngarandapan ripuh jadi pameresan manehna.

Kaayaan robah ku mucunghulna hiji jawara unggul nu nelah Si Kalangkang. Ieu jalma misterieus ku sabab teu weleh diteregos jeung make papakean sarwa hideung. Hiji-hiji jawara2 usung-esangna Ki Gorda kasoran ku Si Kalangkang. Antukna Ki Gorda turun langsung adu hareupan dina ragot bitotama jeung Si Kalangkang. Tarung rebutan pati anu kacida rongkahna, nu sarua diarep-arep pungkasna, ku rahayat lembur nu geus bosen digunasika oge ku sakabeh usung-esangna Ki Gorda. (Mang Ukas Noled)

Tentang Penulis: Dr. Ukas Suharfaputra, MP-Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Kuningan, aktif di bidang Sosial juga di Pencak Silat
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

1 comments:

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Sinopsis: Nu Ragrag na Sagara Cahya (Carbung 4 Bagean) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan