Hot News
30 Mei 2019

Ramena Bada di Lembur Sorangan

Kintunan ti Pak  Syamsudin Kanit PTI Sat.Pol-PP Kab. Kuningan.


Ramena lebaran atawa bada di lembur sorangan.... Karaos pisan euyeubna kumpul riung mungpulung jeung dulur nu anggang pada datang  baraya nu  jarauh pada marulang marudik balik kalembur sorangan kumpul ngariung bongkok ngaronyok. Cirining ingeteun keneh kalemah cai geusan ngajadi kabanjar karang pamidangan tempat urang dilahirkeun turdigedekeun.....

Ari nu aya dilembur ngahaja turgeus ngahajakeun pikeun sasadia kanggo kadaharan ti anggalna tijauhna keneh kukumpul bekel keur nyadiaan dulur tur baraya katut jang semah nu rekdaratang silaturahmi sareng babagi dahareun kanggo ka sepuh jeung ka dulur....

Geus kabiasaan ari ek lebaran atawa bada  nu aya di lembur mah di tiap paimahan sok sasadia mangrupa-rupa kadaharan nujadi makanan hasna di pilemburan. Diantawisna kedah aya:  papais monyong, cuhcur, peuyeum ketan, hades ketan, kueh lapis legit, leupeut, kowecang, kupat godog, lontong godog, raginang, emping tangkil, gemlong, opak, beca, antiyas, gadung, kiripik cau, kiripik sampe, saroja, goreng suuk pocel, goreng kacang  jeung goreng kuping sendok suuk atawa ronge - ronge kacang......

Lamun rencang sanguna sok aya opor hayam, kuah iris waluh sayur, celem kentang, salundreng kalapa. Terus aya sambel goreng kentang, oreg tempe, rendang hate sapi, goreng eppe paris. pindang bandeng, pais lauk cai, sayur acar lauk gurami, semur endog  jeung empal jeroan. Di tambah sanguna anu pulen haraghag atawa tumpeng atawa lontong salian ti kupat anu dijadikeun dahareun “khas” bada.

Terus aya sambel beledug atanapi sambel dadakan numake tomat bawang beureum cikur jahe sambrang rawit tambih delan, jeung lalab saaya-aya nu di lembur. Buah- buahanna mah cau raja palembang ieu sada yana mangrupi jenis dahareun nu geus dijadikeun ciri has tur tradisi ari rek lebaran di pilemburan. Tur dahareun tadi teh kabeh warisan ti nenek moyang luluhur karuhun di lembur.

Da eta pisan nu disadiakeun tur geus dijadikeun asup kana jenis makanan has urang kuningan. Jadi urang salaku nujadi penerusna tos sakedahna kudu bener-bener ngalestarikeunana. Kusaha deui lamun lain ku urang nu neruskeunana. Lamun sagala macem dahareun jeung masakan geus kumplitmah asa bungah pisan karaos badana teh.

Eta sadaya dahareun teh estuning keur nyuguhan tamu.boh dulur boh baraya.jeung nu seja datang kaimah selaturahmi keur silih hapunten jeung silih anjangan bari marenta pangampura.

Biasana saenggeusna rengse solat raya di masjid bari rek aruwih ngayakeun heula halal bilhalal sasalaman silih hampura.bari marake pakean anu ngahaja di beuli tur anyar da hayang di pake solat raya tur dipake jang bada.

Geus kabiasaan dina malam lebaran sok ngalaksanakeun takbir keliling lembur bari pawai lampion terus takbiran ngariung di masjid budak kolot. Ibu-ibuna bari nyiapkeun marawa wedang sareng kopi keur ubar melekan takbiran sawengi jeput dugi ka subuh. Terus jam tujuhan solat raya tumplek kamarasjid, sarengsena ti masjid mulang kaimah sewang-sewangan terus silih hampura jeung sepuh kulawarga nya sareng istri, anak incu nu saimah keneh bari teras dalahar . Saterasna angkat kanggo ziarah kubur kawangatua nutos parupus. Rame pisan jalmi arangkat ngabrul ngaleut ngabandaleut laleumpang.

Ka pakuburan pikeun ngembang atanapi nyekar ka karuhunna nu tos ninggal di papay dugi kaimeut euweuh anu kaliwat hiji oge bari mawa kembang salasih terus di amparkeun kana pakuburanana. Bari terus ngadoakeun jeung hadoroh tur maos surat yasin ngiriman puji kanu tos pupus, pamugi dihampura tina sagala dosana, tur kenging tempat anu mulya disisi Alloh Swt. Jeung kanggo urang nu masih keneh jumeneng di pasihan sehat, tur kabarokahan dikuatkeun iman sareng islam ku gusti nu Maha Suci Alloh Azja Wajala.

Resep kacida tur reme pisan teukolot teu budak, awewe lalaki, estu kompak ngabrul ngantai pasalisir jalan bari sasalaman silih hampura.jeung saha bae nu papendak tur pasarandog. Saeunggeusna rengse nyekar, terus ngider ka tatangga jeung kadulur kabeh silih anjangan da meungpeung bada cenah. Bari mere Tehaer kabarudak ku duit anyar nu geus direcehkeun keur ngabubungah pedah tos tamat puasana

Urang teh kudu menta pangampura tina sagala dosa tursilih lubarkeun tina sagala kasalahan lahir jeung batin "minal aidin walpaidin" mohon maaf lahir dan batin.

Tah ieu nukaros ku simkuring ramena jeung resepna bada di lembur lemah cai sorangan bet asa bada pisan karasana teh. Asa lugina hate tur asa bagja kagiri-giri nu teu aya bandingna. Estuninig asa reueus jeung matak kagagas pisan tina kakompakan jeung sabilulungan tur silih mikaheman nu ditembongkeun dilembur.
Ieu teh kedah dimumule turdilestarikeun da ciri nuhade keur saterasna. Manawi tos jadi tradisi atawa budaya kanggo kasaean nu aya di pilemburan mah.

Mudah-mudahan bae aya kasaeanana keur urang pikeun ningkatkeun sasaduluran, supados leuwih eurat tali silaturahmina jeung hablul minanas.

Tur tiasa lumangsung saterasna, lembur kuring ciri kuring tur baris jadi jati diri kuring keur salaku urang Kuningan khususna. Rap geura mangga urang sami  regeupkeun turjagaciciren lembur urang ku dulur jeung baraya sakabeh nu jauh mulang  nudeuket sabeungkeutan. Ambeh lastari salawasna...aamiin Ya..Robal alaamiin....!

Mugi gusti Alloh nangtayungan kaurang sadayana.tur Alhamdulillah atas ridona ti mantenNa.! .urang masih kumeulendang hirup hurip di alam fana ieu. Wasalammualaekum Wr. wb......hatur nuhun. Punten pisan ka sadayana ieu cuma carita nu sok biasa dilaksanakeun tur kaalaman, di lembur sorangan...wilujeung boboran syiam 1440 H ,mohon maaf lahir sinareng batin.***



  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Ramena Bada di Lembur Sorangan Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan