Hot News
22 Juni 2019

Puisi Sunda: Kembang Mekar Jero Dada



Dalingding angin janari tiis nyaliara dina diri nyelesep na sanubari
Gigireun gelas cikopi jeung kulub sampeu na piring songhek kurut mangsa kamari

Nyawang ka tukang mangsa keur lajang
Awak bedas tanaga rosa teu pernah melang

Mangsa ayeuna kahayang lain lamunan
Pinasti pasti ti gusti kasorang loba tanggungan

Kuring ngarahuh miceun  bangbaluh
Ngarenghap neang hawa meh merenah tur tumaninah

Jandela dibuka

Wilujeng enjing srangenge maneh geus ngabageakeun teu pernah jalir tina janji pasini. halimun siga nu surti nyingray  mere jalan ngahaneutan rasa. cai ibun tinggarayun siga nungagupayan sieuneun murag.
Kembang nu mangkrak dipakarangan  ngajak seuri luwa lewe sengitna.ngdalingding minuhan jagat

Kuring norojol bijil kaluar

Embung eleh ku srangenge, ku halimun nu masih nyimbutan bumi jeung ibun nu nyangcang kembang. Rek pangheulana ngabageakeun manehna ku kadeudeuh jeung ka asih ka kembang nuligar minuhan pakarangan

Endahna kembang, ku kuring rek di pelak ambeh mekar dina dada meh nyaliara dina diri rek disimpen na sanubari ambeh nyangkaruk dina rasa supaya sengitna nyata kaambeu sa alam dunya saksina,angin janari, srangenge, halimun jeung ibun. Kuring nu panghelana melak na dada

Pinasti ti gusti nupasti nyiptaankeun pikir jeung rasa mun akur bagja ngarana


Kng, 21 Juni 2019
Bada subuh
#ID

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Puisi Sunda: Kembang Mekar Jero Dada Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan