728x90 AdSpace

Update
15 Februari 2020

Resensi Buku: Ngawisik Diri

Surahan kana kumpulan sajak “Ukur Di Wates Jalan” Sunda Giwangkara Sumirat 

ku Dodo Suwondo

Panitén Sajak Sunda & Sastra Sunda Lianna

Judul buku      : Ukur Di Wates Jalan
Pengarang       : Giwangkara Sumirat sandi asma Asep Sudiana
Penerbit          : Goresan Pena Publishing
Tahun terbit    : Citakan I, Desember 2019
Tebal buku     : 58 kaca

Miang tina kahariwang, naha enya suasana mingkin tagiwur. Alam kingkin alatan pangrobéda manusa anu jadi pangeusina, bencana di mana-mana. Nagara tunggara dina kaayaan paburisat, patoleksak lir barubah digadabah. Naha saha nu ngagadabah? Pribadi-pribadi mingkin loba nu teu berbudi, nu geus lésot tina adat jeung istiadat nu ti bihari ngamalir ti nini aki.

Kitu meureun eusining Buku Kumpulan Sajak Sunda “Ukur Di Wates Jalan”, beunang Giwangkara Sumirat. Ari Giwangkara Sumirat téh sandi asma tina Asep Sudiana, salasaurang praktisi kasusastraan Sunda anu nyumangetan diri pikeun anjaclang di dunya sajak. Sajak-sajakna kaasup natural tapi karasa éksprésif. Kitu deui sajak-sajak anu natrat dina ieu buku.

Ieu kumpulan sajak ngawengku 55 judul sajak, nya éta Mun Miang, Pasir Ipis, Cul ti Kuningan, Bandera, Beureum Bodas, Napas Merdéka, Ngarampa Layar Kaca, Pulung, Pihujaneun, Menyan, Pamohalan, Wanci, Bet Angger, 2010, Narembongan, Nu Mulang, Gunasika Bral, Mungkas 2008, Mustika, Aya Curuk, Masih Kéré, Parebut Jojodog, Nu Gélo, Kedok, Lir Sangkuni, Sastra Jéndra, Can Hayang Tamat, Sieun Manéh, Ka Salira Saha?, Haréwos, Mun di Dapur, Mun Rék Saré, Masigit Leutik, Sareupna, Ukur di Wates Jalan, Tausiah, Ka Ceuli Kénca jeung Katuhu, Mih, Geura Medal, Apa Pasti Bagja, Naklok, Ngacacang Mihapé, Kalangsu, Béntang, Ngahiap-Hiap, Nguwak-Ngawik, Gerentes, Lain Éta Alesanana, Teu Diniatan, Tili Puluh Tujuh, Dina Sapuluh Rangkepan, Salapanlas Taun, jeung Buyar.

Keur nu nulisna mah sajak téh mangrupa ékspersi jiwa anu muncul tina rupa-rupa pangalaman pribadii. Hal anu katénjo, kadéngé, ogé karasa ku panca indra jadi mangrupa ilham pikeun mudalkeun rupaning uneg-uneg téa. Katapisan ngolah diksi jadi mangrupa modal pikeun ngajanggélékkeun hiji sajak. Saperti anu kabaca dina “Mun Miang”, kekecapan nu dipaké éstuning sederhana, taya ungkara anu matak lieur ka nu maca, tapi Mun Miang boga amanat anu bener-bener misionér. Mun Miang ngajak nu maca sangkan lamun hiji waktu ka luar ti sarakan tempat diri dilahirkeun tur digedékeun mangké tong poho ka lembur asal─lembur matuh, dayeuh maneuh, pamegaran.

Tina sabagéan sajak-sajakna katitén mangrupa sajak-sajak anu nyaritakeun lingkungan hirup jeung kaayaan sosial. Kahareneg jeung kahanjelu haté tina panitén kana prilaku manusa atawa kana kawijakan kawasa dayeuh anu matak mangaruhan kana kaayaan éstuning témbrés dina balungan sajak-sajakna. Runtah patulayah, leuweung ruksak, lemah garing lantaran caina saat jadi mangrupa ilham pikeun nembrakkeun eusi haténa.

Giwangkara Sumirat ogé panulis sajak-sajak anu eusina patriotik. Cinta lemah cai jadi hiji udagan pikeun betah bumetah di bali geusan ngajadi. Dina “Bandera” 
bandéra-bandéra 
tancebkeun na dada, 
bandéra-bandéra 
ngélébét na jiwa 
lain dina tihang pancang 
éta mah ukur perlambang 
bandéra ajegkeun nagara 
mangrupa kedalan umajak ka nu maca sangkan ngabogaan sumanget pikeun micinta lemah cai anu dilambangkeun ku bendéra. Bendéra nu mana anu dimaksud panyajak? Tangtu sang dwiwarna─beureum bodas, saperti anu ditembrakkeun dina judul “Beureum Bodas”
beureum cigetih jadi bandéra 
bodasna jadi bandéra
dbaheula itebus nyawa 
dibarung keclak cimata 
nu ngahargaan 
nu ngabélaan 
sing nepi ka tungtung jaman

Bisa jadi panyajak meunang inspirasi tina panénjo nalika nyaksénan momén penting dina upacara bandéra. Tapi nu penting, panyajak geus nyeumatkeun rasa sumanget pikeun tetep béla lemah cai, béla nagara. Malah panyajak miharep pisan jayana nagara téh sing nepi ka tungtung jaman.
Sabagéan séjénna Giwangkara Sumirat nembrakkeun karumasaan, yén diri téh ukur sasampiran, awak nya sasampayan, tapi rumasa loba lampah anu lalawora, lampah anu teu matak mangpaat─utamana keur diri. Saperti anu digambarkeun dina sajak “2010” anu ngajak dirina sorangan pikeun ngarobah kalakuan anu goréng. Najan kitu tangtu amanatna mah umajak ka balaréa sangkan kagoréngan jadi kahadéan.
Hayu
Ngalengkah
Hijrah
Ninggalkeun
Salah.

Ieu sajak katénjona heureut pisan, sajajar ukur sakecap, tapi leubeut ku ma’na. Kawasna waé meunang ilham sésa tapakur nalika mungkas taun, rék nincak taun anyar. Mapag taun anyar teu kudu pésta bari balakécrakan tapi kudu ngawisik diri. Geus nepi ka mana urang ngaléngkah dina bebeneran─nyaah ka nagara, bakti ka lemah cai, ibadah ka Pangéran? Ana diteuleuman mah enya geuning. Naon hartina hirup urang mun sakadar kumelendang jeung ngacacang, tapi ukur jadi ongkang-ongkang. Pan hirup téh kudu mangpaat malar maslahat. Tinggalkeun lampah salah. Kitu, ceuk éta sajak.

Katapisan Giwangkara Sumirat dina ngolah ideu ogé tétéla munel.sajak-sajakna teu wungkul anu sipatna liris, tapi ogé anu kritis. “Kedok” jeung “Pulung” upamana, mangrupa kritik sosial anu sipatna nyeungseurikeun polah manusa─dina dunya politik. Kritik politik jeung kritik sosial kana kedok mangrupa gambaran lampah manusa anu patojaiah antara raga jeung jiwa, lir buah kadongdong─cangkang lemes tapi sikina pajuriwet. Hirup malsu geusan kauntungan diri pribadi. Saperti mitos pulung, néangan saha nu ulung. Tétéla laku téh geuning loba seungseurikeuneun. Nu balilu jeung nu munapék tétéla teu jauh béda, kawas “Ukur Di Wates Jalan”.
ukur di wates jalan
sholawatan jeung dangdutan
coréngcang jeung sesedekan
nundutan jeung éngklak-éngklakan
ukur di wates jalan

Ieu sajak diilhaman ku dua panggung pentas, antara panggung dangdut jeung panggung panggung pangajian anu diawalan ku sholawatan. Tempat dua panggung téh teu pajauh, ukur diwates ku saudat jalan, paeunteung-eunteung. Ieu gambaran kontradiksi lalampahan manusa tétéla nyata, lain béja. Manusa disina milih antara kamaslahatan jeung kamadorotan, antara kasenangan di dunya jeung jalan ka sorga. Masarakat sabudeureun tangtu kudu milih antara lalajo dangdut bari milu jogéd bari nyawér biduan jeung penari atawa ngaléngkah ka majlis ta’lim milu sholawatan bari bandung kuping.Tapi ieu ogé eunteunganeun. Eunteung kahirupan sangkan jadi panggeuing ka urang nu maca. Yén ari néangan kamaslahatan téh leuwih alus tinimbang hal anu sipatna madorot. Giwangkara Sumirat ngajak babarengan ngawisik diri.
Cindekna Giwangkara Sumirat boga visi anu luar biasa dina nembrakkeun eusining pikirna. Giwangkara Sumirat, panyajak Sunda asal Kuningan entragan 2000-an. Ieu buku kumpulan sajak Sunda “Ukur Di Wates Jalan” karya Giwangkara Sumirat pantes dibaca sarta dimilik ku balaréa anu mibutuh kacerdasan jeung kaweningan ati.
Cag.



  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Resensi Buku: Ngawisik Diri Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan