728x90 AdSpace

18 Agustus 2018

Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 3)

“Nu Ragrag Na Sagara Cahya” merupakan cerita bersambung berbahasa Sunda PERTAMA di suarakuningan.com. Selamat mengikuti.

...Si Kalangkang tea, bari sila tutug na suhunan nyelengkeung ka Ki Jenuk, “kunaon maneh ngeleper geugeumeun euy? Muriang kaseureud engang ? he.he.he. omonganna jelas ngoa nyapirakeun. 

Pudigdig Ki Jenuk ambek, “Nurustunjung siah ! montong jumago...karek bisa kakalayangan sakitu waé geus gedé hulu !” Nu satadina soak, malik ngagurinjal murka teu tarima diécé. 

“Turun sia ka pakalangan geura gulung jeung aing!”, Ki Jenuk terus kukubuk nangtang. 

Si Kalangkan ngahéhéh seuri ipis bari némpas, “ Naha ngajak patelak téh dihandap euy? Teu bisa hanjat gelut di luhur? Bisi tikoséwad? Ngerakeun pisan, kasebutna ingon-ingon Ki Gorda, Jawara kahot sa tatar Gunung Pataka, kabisa ukur gelut di tegalan siga budak leutik!” 

Dikitukeun téh, ujug serenteng Ki Jenuk nyérépét ngadeukeutan, tapi lain terus luncat ka luhur nyusul Si Kalangkang, kalah ngadon gacrék! Gacrék! Manéhna nigasan tihang Imah Ki Ebo satakerna.

Kuniang Si Kalangkang hudang semu reuwas, “Nurustunjung siah! Kalah ka ngaruksak gogobrog batur! Kadieu geura cacag aing mun sia bener lalaki, ulah ngabarérang kana tihang, koplok!”

Ki Jenuk tonggoy ngahabekan tihang teu kaganggu. Sakolépat Si Kalangkang luncat nyirorot kahandap, ka lebah Ki Jenuk, Jebrod! Jebrod! Siku asup nengel kana tarang, disusul tuur nepus iga burung Ki Jenuk, Aaaaargggh…! Gombraaaannnggg…! Ki Jenuk mangpéng satarikna ka sisi pawon.

Rak pakakas padaharan nu pinuh ku piring, cangkir, batok jeung sapuratina burakrakan mancawura kaleyek ku awak manéhna nu terus nyangsaya, sajongjongan teu walakaya.

Kadorong ku nafsu nu ngagugudag, kanyeri teu dirasa, kuniang Ki Jenuk hudang tibuburanjat bari pérah bedog mah kékép teu leupas tina keupeulanana. Sajorélat malik bari moro siga nu kasarumahan ka lebah Si Kalangkang nu geus ngabedega nyérangkeun manéhna.

“Bangsaaattt…..Moddaaarr Siaah !” Belesur Ki Jenuk luncat satakerna bari ngabar bedog na luhur ubun-ubun, rék ditigaskeun keur meulah dua awak Si Kalangkang ti hulu nepi ka palangkakan. Si Kalangkang teu ngobah tangtungan, siga nu rinéh teu gareuwah. Nguntup nguyup teu masang kuda-kuda acan. Plaak! Jekok ! Jebroddd! Koléaaaaannggg…..Gedebuttt !!!

Gerakan nu kacida cepetna dipintonkeun ku Si Kalangkang, méh teu katuturkeun panon. Bari nangtung teu dines leungeun sidakep, suku kénca nyapu pigeulang leungeun Ki Jenuk nu keur nyekel bedog, terus ngépot malik make suku katuhu dipake nyejek angen jeung nampiling caréham sakaligus.

Atuh, Balukarna bedog melentung leupas tina cekelan Ki Jenuk, awakna ngalayang panjang terus ngagedebut ninggang lemah satakerna. Thobbaaaattttt....!!! Ki Jenuk humareguung bakating ku nyeri.

Sok sanajan Ki Jenuk ka asup kedott, wedel kulit teuas tulang, jeung teu gampang nyerah, tapi saterusna galungan dua jawara téh bisa disebut teu imbang. Ki Jenuk ukur jadi kaulinan wewesén Si Kalangkang. Manéhna dibuntang banting, hudang-nangtung, hudang-nangtung leuwih ti genep kali. Awak geus rangsak teu puguh rupa. Tatu jeung getih ampir minuhan sa-awak-awak. Rupana, Si Kalangkang gé lain teu bisa nelasan Ki Jenuk saharita. Manéhna ngahaja hayang ngawarah Ki Jenuk nepi ka rangsak awak.

Singgetna, tarung téh nepi ka pungkasna. Ki Jenuk geus ngudupruk teu manggapulya. Manéhna geus te boga tanaga jang narajang. Najan kitu, rohaka nafsuna mah masih can leungit.

Bari rénghap ranyug deku hareupeun Si Kalangkang, manéhna masih sanggup kukubuk ngaluarkeun omongan-omongan kasar ka Si Kalangkang. “Bangsat manéh! Najan aing kawas kieu, aing teu sudi kudu serah bongkokan ka manéh! Mun dunungan aing nyaho moal teu disasa-ak dicacag di walang-walang ilaing bangsatt!” Kitu garihalna Ki Jenuk.

Si Kalangkang sajongjongan mah ngabetem, ukur mencrong ku paneuteup seukeut ka Ki Jenuk nu ngudupruk hareupeuna. “Hmm..kula ngalem kana satuhu-satiana manéh ka Si Gorda. Manéh leuwih sieun ditandasa ku dunungan manéh alatan khianat, tinimbang diparagatkeun nyawa ku kula. Tapi kula memang teu hayang ngotoran leungeun nyieun rajapati ka awak model manéh, Jenuk!” Kula méré kasempetan ka manéh pikeun bébéja ka dunungan manéh nu jahat na kacida. Béjakeun ka manéhna, geus waktuna tobat eureun jadi karaman. Kalakuan ngaruksak kahirupan rahayat geus wayahna dipungkas. Lamun teu daék ngeureunan, aing Si Kalangkang nu bakal ngeureunkeuna. Aing moal ngarasa kabeuratan miteskeun beuheung Si Gorda ku leungeun aing sorangan.”

Si Kalangkang nutup omonganna kalayan tandes ku panangtang jeung ancaman ka Ki Gorda, raja begal dunungan Ki Jenuk. Bari angger rénghap ranyug ngararaskeun kacapé jeung kanyeri,

Ki Jenuk tanggah neuteup seukeut Si Kalangkang. Paneuteup nu pinuh ku kaceuceub jeung dengdem. “Maneh bakal hanjakal geus kukubuk kawas kitu ka Juragan Aing. Dengekeun ku manéh Kalangkang! Manéh geus pasti ditandasa ku Ki Gorda. Tapi aya leuwihna, lantaran manéh geus nyacampah lak-lak dasar Anjeuna, méméh paéh, manéh pasti disiksa peurih saeutik-saeutik ku Ki Gorda. Asal nyaho waé, kabiasaan Ki Gorda ka musuh-musuhna nu ngahina Anjeuna, Disiksa anu pohara sangkan nandangan modar ngarayap!” 

Si kalangkang némpas tandes, “Bejakeun, justru mun perlu Aing nu bakal kélu ngalaku samodél kitu ka manéhna. Mun manéhna teu ngeureunan ngagunasika rahayat. Keur mastikeun dariana pangancam Aing ka dunungan manéh. Geura regepkeun ku manéh, Aing moal mindo ngomong. Béjakeun ka Si Gorda, mun mémang Manéhna teu niat hayang eureun jeung tobat, luluasan hayang patelak jeung Aing, Manéhna Ku Aing ditungguan di Lengkob Ciburayot bahwahan kalér Gunung Pataka bulan ka lima, wanci janari sapi!” Omongan panuntung jeung panangtang Si Kalangkang ieu, matak ngajelengéng kana ceuli

Ki Jenuk. Manéhna teu nyangka ku wawanén jeung kapercayaan diri Si Kalangkang. Wani-wani nangtang Ki Gorda, jawara rajana di tatar Pataka, nu saumur hirupna can pernah kasoran dina bitotama.

Karék gé rék némbalan, Si Kalangkang kaburu motong omong, “Geus teu kudu ngomong deui, geura mantog manéh balik ka dunungan manéh. Béjakeun pesen galungan Aing ka manéhna!”

Sakilat leungeun kénca Si Kalangkang ngajewang kerah kampret Ki Jenuk beulah punduk. Bangun nu sahampang nanggeuy rokrak, belewer Ki Jenuk dipangpéngkeun ka lebah walungan Ci Rampéol…Gujubarrr !!! sora awak ngunclung kana cai.

Teu lila, genep bégal nu geus patelak jeung Si Kalangkang paungku-ungku leumpang sosoloyongan ninggalkeun buruan Imah Ki Ebo. Ki Jenuk leumpang panghareupna bari tungkul nyekel angen ngararasakeun kanyeri jeung kaéra anu pohara. Satukangeuna nuturkeun limaan badegana, nu teu kurang parna kaayaanana.

Getih jeung geuneuk ngarupus sa-awak-awak maranéhanana. Bari nikreuh, Ki Jenuk mikiran bahan piomongeun ka dununganna ki Gorda. Manéhna nyaho percis adat pangadatanana. Deuk teu apal kumaha, manéhna “berkarir” jadi karaman jeung Ki Gorda téh lain karék sabulan dua bulan, tapi geus jangkep asup kana itungan salapan welas likur taun.

Manéhna apal kacida kumaha tindakan dununganana ka badéga nu gagal jeung kasoran dina ngalaksanakeun panitahna. Sok téga nyiksa béak karep. Anapon kitu, leuwih ruksak lamun manéhna mabur ngagiwar panyiksa, teu balik deui ka Dununganana.

Ki Gorda tara teuing sungkan ngirim jagal usung-ésangna pikeun ngala pati badégana anu mabur atawa mun ceuk basa teknisna mah “desérsi” ti manéhna. Pangalaman nu geus kaliwat, can aya nu teu kapanggih. Najan mabur jeung nyumput na liang cocopot, teu burung kapanggih terus ditelasan taya ras-rasan.

Arinditna éta genep bégal disaksénan ku Si Kalangkang jeung kabéh jalma nu aya di buruan Imah Ki Ebo. Aki Suhanta kasampak geus éling tina kapiuhanana. Manéhna ngariung jeung kulawarga Ki Ebo nu keur nyarempod dijuru deukeut lawang tepas Imah.

Kasampak oge, sabaraha warga lembur geus daratang milu ngumpul di dinya. Nini Inot jeung, Nini Rumsilah cakah-cikih keur ngurusan tatu Jang Gojim anak cikal Ki Ebo, nu keuna panggitik ti salah sahiji gorombolan begal tea. Maranéhna ti awal nepi ka pungkas nyaksénan ketak patelakna Si Kalangkang jeung para bégal. Aya ku ho-okeun pacampur jeung bungah nénjo punjulna wewesen Si Kalangkang dina meruhkeun Ki Jenuk saparakanca. Ho-okeuna, ku aheng jeung muji kaparigelanna Si Kalangkang dina ulin gerak maén po, anu ukur sakolépat-sakolépat ngalumpuhkeun Ki Jenuk jeung wadya baladna.

Nepi ka ting kecewis papada manéhna, na saha eta Si Kalangkang teh? Urang mana? Jeung guguruna dimana? Asa can kusi manggih Jelema nu gesit-linghasna samodél kitu. Bungahna, Aki suhanta, Ki Ebo jeung warga séjenna nu nyaksian ngarasa boga harepan.

Geuning aya ogé jelema nu bisa diandelkeun pikeun ngalawan Ki Gorda, Jawara jadug anu kejem, anu salila ieu lir ibarat jadi dedemit rurujit nu nyaliarakeun kakeueung jeung kasangsaraan ka rahayat di wewengkon Gunung Pataka.

Salila ieu maraéhna siga nu geus pegat harepan, yén moal aya nu bisa nandingan jeung ngeureunkeun talajak jahat Ki Gorda jeung usung-ésangna. Salila ieu, sakur jawara nu jagona sakumaha ogé can pernah aya nu bisa ngungkulan wewesén Ki Gorda. Boro-boro ngéléhkeun manéhanana, ukur ngimbangan gé euweuh sahijieun nu sanggup.

Tina sababaraha kali tanding tarung nu ditongton ku lobaan, kabéh lawan Ki Gorda palastra ngajampana mayit teu leuwih ti tilu geprakan. Ayana Si Kalangkang, lalaki dedeg diteregos maké pangsi sarwa hideung, geus ngarekahkeun harepan ka Aki Suhanta jeung warga lembur, boa geus rék datang waktuna, pikeun tumpurna karaman jahat di wewengkon Gunung Pataka.

Sabot ngarariung jeung ting kecewis papada manéhna, Si Kalangkang mah masih ngabejega di tungtung buruan bari sidakep jeung neuteup uleng ka lebah laleumpangna Ki Jenuk sapakarakanca. Nangtung siga patung, teu usik, malah ngarenghapna gé teu kaciri-ciri acan.

“Ebo, cik sampeurkeun atuh itu Jawara Kalangkang téh, sambat sina kadieu, urang suguhan kopi-kopi waé mah, sakalian urang ajak manca kaki!” Aki Suhanta ngajurungkeun Ki Ebo.

Ki Ebo dipénta kitu téh kalah murengked bari rada nyureng, “Ah embung Ki, teu wani, can yakin kuring mah, bisi manéhna teh sarua bégal kéneh nu jadi musuhna Ki Gorda. Kuriak kuring ké digitik deui, araringgiiiiss.”

Nini Inot, pamajikan Aki Suhanta nempas, “Ulah ngajujurung batur Aki! sampeurkeun waé ku sorangan. Keun kuring jeung Nyi Rumsilah nu rek nyiapkeun jajaburna. Tuh, ditukang keur mirun seuneu rék naheur cai jang nembok ci kopi.”

Ki Ebo milu ngomong, “Bener Ki, ku si Aki wae, apan didinya mah kasebutna ruruntuk jawara. Bisi manéhna ngagebes, meureun nyingyet jeung nangkis-nangkis waé mah bisa.”

Sangges ngahuleng sakeudeung, Aki Suhanta ngumpulkeun pangacian, manéhna nyampeurkeun Si Kalangkang anu masih ngajeten sidakep sinuku tunggal nonggongan. Sanggeus rada deukeut, kira-kira jarak satengah tumbak, Aki Suhanta nyalukan, “Den Punten nuun…”   Cag ! (Nyambung)

Tentang Penulis: Dr. Ukas Suharfaputra, MP-Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Kuningan, aktif di bidang Sosial juga di Pencak Silat
  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Carbung Sunda: Nu Ragrag Na Sagara Cahya (Bagéan 3) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan