Hot News
23 Maret 2023

“Munggahan puasa” Jadi Acara Tradisi di Pilemburan




ku: Syamsudin Kanit PTI Sat.Pol-PP Kab. Kuningan.

Tianggalna keneh geus rame nyiapkeun genjring keur ngahudangkeun sahur, nyarieun lampu lampion di unggal karang, keur pawai munggahan puasa.  

Pisaminggueun ka munggah, geus ngageder mulai rame narabeuhan genjring, pokna etang-etang latihan kanggo ngahudangkeun sahur, waktuna sok tas bada asar atawa bada isa.


Biasana sok bari ngarariung karumpul, para nonoman pemuda pemudi di tambah ku marulang kalih nu lalalajo tempatna sok di alun-alun payuneun masjid, ngayakeun latihan ngagenjringna. 


Kalah rame kacida, kaciri eyeubna tur karompakna ari nua aya di pilemburan mah, teu kolot teu budak. pokna  tahun kali urang teh ngayakeun acara kieu,da keur nyambut bulan puasa.

Urang teh kudu sugema hate, gumbira tur bersyukur, sabab masih dipasihan umur panjang pikeun ngalaksanakeun ibadah puasa Ramadhan.


Da geus jadi acara rutin,tur baku.pisapeutingeun ek munggah, ngamimitian tarawehan  sok diayakeun pawai arak-arakkan lampu lampion,nu pesertana kolot, para pemuda pemudi jeung marulang kalih sakola pawai mapay jalan raya di pilemburan.


Nu masadna pikeun ngareuah-reuah nyambut bulan Puasa, tur syiar Islam pikeun nanamkeun kaimanan  tur katakwaan jeung mere sumanget ka marulang kalih supaya tiasa diajar ngalaksanakeun puasa.  


Samemeh pawai dimulai, sok aya acara pelepasan heula ku para sesepuh.jeung ku pak kuwu/pak Lurah. Nu waktosna tos bada Isa, di payuneun balai desa/kantor Lurah  atawa di payuneun masjid.


Pokona,asa karasa pisan pikeun nu aya di lembur mah kalah rame,meriah tur galumbira pikeun nyambut bulan suci Ramadhan ngayakeun hiburan pawai Lampu Lampion jeung genjringan.


Marhaban Ya Ramdhan.

Pamugi urang sadayana dipasihan sehat, dibabarikeun rijki, panjang umur piken ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan suci Ramadhan tahun 1444 H. Aamiin.


Baca Juga:

Ramena Bada di Lembur Sorangan


  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 comments:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: “Munggahan puasa” Jadi Acara Tradisi di Pilemburan Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan