728x90 AdSpace

Update
18 Maret 2021

Pentingna Ngamumulé Budaya

Tulisan Kahiji tina Dua Bagéan

Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )

Kecap kabudayaan téh asal kecapna tina budaya maké rarangkén ka-an, asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, anu mangrupa bentuk jamak tina buddhi (budi atawa akal) anu pihartieunana hal anu patali jeung budi sarta akal manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, anu asalna tina kecap Latin, colere, nya éta ngolah atawa migawé. Bisa ogé dihartikeun kana ngolah tanah atawa tatanén. Kecap culture geus jadi banda basa Indonesia, nya éta kultur. Najan antara kabudayaan jeung kultur saharti, tapi angger geus dina basa Indonesia atawa dina basa Sunda mah jadi direumbeuy deui, nya éta jadi “kultur budaya” anu mindeng dihartikeun kabiasaan maneuh di hiji wewengkon atawa komunitas etnis..

Wangenan kabudayaan téh nyaéta sakumna pangaweruh manusa sabagé mahluk sosial anu digunakeunana pikeun maham jeung nginterprétasi lingkungan jeung pangalamanana, sarta jadi dadasar pikeun tingkah-lakuna. Ku lantaran éta, kabudayaan bisa disebut ogé mangrupa ranggeuyan aturan-aturan, pituduh- pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi anu diantarana ngawengku saruntuyan modél kognitif anu dimilik ku manusa, sarta digunakeun sacara seléktif dina nyanghareupan lingkunganana, sakumaha ngawujud dina tingkah laku jeung tindakanana.

Baca Juga:

Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda

Delman: Sebuah Alat Transportasi Budaya

Para Camat dan Kepala Sekolah Berdialog Budaya

Dinas Dikbud Kuningan Genjot Pelestarian Kebudayaan Daerah

Sekdes Tercerahkan Sosialisasi UU Pemajuan Kebudayaan

Pendidikan Berbasis Kearifan Lokal

Rany Optimis Pengembangan Potensi Wisata Sejarah dan Budaya di Kuningan

Luar Biasa, Rudat Masih Dilestarikan Masyarakat Kuningan

Saatnya Move On Pada Budaya Kuningan

Ku lantaran kitu wujud kabudayaan téh mangrupa milik anggota masarakat atawa golongan social, anu nyebar ka anggota-anggotana tur pawarisna, sacara turun tumurun ti generasi ka generasi saterusna kalawan dilakukeun ngaliwatan proses pembelajaran sarta bari ngagunakeun simbol-simbol anu ngawujud dina bentuk boh anu kadéngé boh henteu (kaasup rupa-rupa paparabotan anu dijieun ku manusa). Ku hal éta, satiap anggota masarakat ngabogaan pangaweruh perkara kabudayaanana séwang-séwangan anu teu akur jeung anggota-anggota liana. Hal éta dilantarankeun ku pangalaman jeung proses diajarna anu béda-béda jeung lantaran lingkungan-lingkungan anu disanghareupan ku maranéhanana teu salawasna akur.         

Tina pedaran di luhur bisa dihartikeun yén nu disebut kabudayaan téh henteu sacara heureut saperti anu mindeng kadéngé ku urang tina sababaraha pamanggih, yén kabudayaan téh mangrupa hasil cipta, karsa jeung karya manusa anu nimbulkeun kaéndahan. Kecap éndah jeung kaéndahan jelas ngaheureutan surahan harti kabudayaan anu saenyana, padahal kabudayaan miboga sifat anu universal. Éta hal téh bisa dititénan tina conto-conto dina kahirupan sapopoé, saperti dina tata krama dahar ngariung, misilna. Dina tata krama waktu dahar ngariung dina budaya Sunda diantarana kapanggih aturan-aturan saperti; ngalas kudu ngaheulakeun atawa méré kasempetan ka saluhureun atawa ka tamu anu diajak dahar bareng, ngahuapkeun dengeun sangu teu meunang langsung dicokot tina tempatna, tapi ngalas heula boh kana tobas boh kana piring sangu─alas sorangan, waktu nyapék teu meunang nyéplak sarta sabisa-bisa kudu bari balem. Nya kitu deui dina ngahuap, sangu kudu dicomot, teu hadé dicanggeum, kajaba mun maké séndok atawa jeung séndok garpuh jsté. Kitu ogé teu meunang nepi ka kadéngé sora trang tréng trong, paadu séndok garpuh kana piring alas. Éta sawatara padika waktu dahar dipasamoan. Saenyana aya kénéh padika séjénna anu patali jeung éta.

Lian ti éta budaya bangsa jeung sélér bangsa saperti anu patali jeung masakan ogé ngabogaan ciri masing-masing, contona rasa masakan padang leuwih mentingkeun rasa asin jeung lada tinimbang rasa amis, haseum, atawa  rasa séjénna, sabalikna sélér Jawa leuwih mentingkeun rasa amis tinimbang rasa asin.

Conto-conto éta ngabuktikeun yén kabudayaan téh heunteu ngan wungkul patali jeung kaéndahan, tapi éstuning ngawengku jeung sagala rupa hal anu patali jeung kahirupan komunitas bangsa/sélér bangsa. Mun sok komo aya anggapan yén kabudayaan ngan wungkul idéntik jeung kasenian. Padahal kasenian mah ngan sabagian tina unsur kabudayaan. Sajaba ti kitu, tétéla dina kasenian ogé jadi teu wungkul kasenian tradisi atawa klasik Sunda wungkul, tapi ogé ngawengku sajumlah kasenian kaasup anu datangna anyar atawa disebut ogé kasenian modéren─hasil prosés akulturasi budaya anu dilantarankeun ayana patali sosial antar bangsa/suku bangsa anu béda. Jadi kasenian téh lain hiji-hijina ambahan tina kabudayaan atawa ngan wungkul perkara kasenian, tapi sacara universal kabudayaan mangrupa cipta, karsa, jeung karya manusa..

Aya sababaraha katrangan anu nétélakeun yén ambahan kabudayaan téh henteu ngan wungkul kasenian. Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia, ambahan kabudayaan téh nya éta (1) kepercayaan; (2) kasenian ; jeung (3) adat istiadat. Laju sakumaha anu ditétélakeun ku  Kuntjaraningrat yén ambahan kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya, nya éta (1) sistem religi jeung upacara kaagamaan; (2) sistem jeung orhanisasi kamasarakatan; (3) sistem pengetahuan (elmu pangaweruh); (4) basa; (5) kasenian; (6) sistem jeung mata pencaharian (pacarian); jeung (7) sistem téhnolohi jeung paparabotan jeung pakakas (peralatan).

Béda jeung KBBI, Kamus Umum Basa Sunda (KUBS) mertélakeun yén ambahan kabudayaan téh ngawengku opat  welas unsur, nya éta; (1) basa; (2) lembaga; (3) agama (cara-cara ibadah); (4) winaya; (5) wijasa; (6) husada; (7) tatapraja; (8) raharja; (9) dramaga; (10) sagara; (11) santika; (12) perdata; (13) undagi; jeung (14) tani.

Tina tilu referensi perkara ambahan kabudayaan di luhur, bisa dicindekkeun yén ambahan kabudayaan di lingkungan masarakat Sunda ngawengku dalapan perkara, nya éta; (1) réligi (kapercayaan); (2) basa; (3) lembaga; (4) hukum; (5) téhnolohi; (6) pacarian; (7) élmu pangaweruh; jeung (8) kasenian. Tina dalapan perkara éta ku urang bisa dipaluruh sarta dipedar sarupa-sarupa sangkan écés jeung pertéla.


Nyambung ka Tulisan Kadua: 

Pentingna Ngamumulé Budaya (Bagéan 2)

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Pentingna Ngamumulé Budaya Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan