728x90 AdSpace

Update
18 Maret 2021

Pentingna Ngamumulé Budaya (Bagéan 2)

Pentingna Ngamumulé Budaya (bagean 1)

Drs. Dodo Suwondo, M.Si.

Patali jeung téma di luhur, anu nétélakeun yén “Peran dan fungsi pialang budaya dalam Melindungi dan melestarikan kearifan budaya lokal.” Tangtu mibutuh kadariaan anu maksimal sangkan bener-bener karasa mangpaatna. Éta téma nétélakeun yén perlu ayana para pialang budaya pikeun ngokolakeun kaarifan budaya lokal anu tangtuna ogé pikeun ngahontal tujuan. Lantaran éta pamarentah ngarasa perelu nyieun payung hukumna. Ku lantaran kitu nya pamarentah puseur netepkeun undang undang anu diantarana Undang-undang Nomor 11 tahun 2010 ngeunaan Cagar Budaya; jeung Undang-undang Nomor 5 tahun 2017 ngeunaan Pemajuan kebudayaan.

Baca Juga:

Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda

Delman: Sebuah Alat Transportasi Budaya

Para Camat dan Kepala Sekolah Berdialog Budaya

Dinas Dikbud Kuningan Genjot Pelestarian Kebudayaan Daerah

Sekdes Tercerahkan Sosialisasi UU Pemajuan Kebudayaan

Pendidikan Berbasis Kearifan Lokal

Rany Optimis Pengembangan Potensi Wisata Sejarah dan Budaya di Kuningan

Luar Biasa, Rudat Masih Dilestarikan Masyarakat Kuningan

Saatnya Move On Pada Budaya Kuningan

Disusun jeung ditetepkeunna éta dua undang undang téh tangtu lain keur ngan saukur ngalengkepan administrasi hukum katatanagaraan, tapi mémang kudu diimpléméntasikeun dina kanyataan. Pamaréntah Daérah sasat boga kawajiban ngalaksanakeun sagala katangtuan anu geus natrat dina éta undang undang. Kulantaran pentingna ngokolakeun kabudayaan daerah pikeun pelestarian jeung pemajuan kabudayaan anu berbasis kearifan budaya lokal, Presiden ngadeudeul ku Peraturan Presiden Republik Indonesia Nomor 55 tahun 2018 ngeunaan Tata Cara Penyusunan Pokok Pikiran Kebudayaan Daerah Dan Strategi Kebudayaan. Jadi sacara tehnis éta pérprés baris ngatur kumaha carana sangkan kabudayaan daérah bisa jadi paktor pangrojong kana kamajuan kabudayaan nasional. Nya poko-poko pikiran kabudayaan daérah jeung strategina anu kudu disusun ku daérah dumasar kana banda budaya anu aya di daérah sewang-sewangan.

Lantaran éta Presiden ngamanatkeun ka Kemendikbud sangkan nyieun Peraturan Mentri anu patali jeung hal éta. Ti dinya laju turun Peraturan Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Republik Indonesia Nomor 45 Tahun 2018 ngeunaan Pedoman Penyusunan Pokok Pikiran Kebudayaan Daerah. Ieu Permen teh mangrupa palanggeran pikeun daerah sangkan dina nyusun poko-poko pikiran kabudayaan daérah jeung strategi kabudayaan daérah téh polana henteu mancawura, tapi aya kaseragaman antara hiji daérah jeung daérah séjénna. Lian ti kitu tangtuna oge sangkan bisa kaukur piwaragadeunana.

Merhatikeun sababaraha undang undang jeung sababaraha peraturan eta, nya daerah boga inisiatif nyusun Peraturan Daerah, saperti medalna Peraturan Daerah Kabupaten Kuningan Nomor 8 Tahun 2018 ngeunaan Pelestarian Kebudayaan Daerah; jeung Peraturan Bupati Kuningan Nomor 62 tahun 2020 ngeunaan Dewan Kebudayaan Kabupaten Kuningan. Ieu dua peraturan téh mangrupa pakakas pikeun miara, ngamumulé, mekarkeun, sarta ngamajukeun kabudayaan daérah.

Laju saha ari pialang budaya? Naon fungsi pialang budaya? Jeung kumaha peranna pialang budaya?

Dumasar kalungguhanana mah anu boga wewenang jadi pialang budaya téh tangtu para pejabat panangtu kawijakan, sabab nya éta pisan anu boga kawajiban nangtayungan kaarifan budaya lokal. Ti mimiti pucuk pingpinan pangluhurna, SKPD-SKPD, para Camat, nepi ka Kalurahan jeung Désa─di tingkat panghandapna. Naon sababna? Lantaran kaarifan budaya lokal téh tangtu réa rambat kamaléna. Nya arinyana anu kudu ngamankeun rupa-rupa palaturan anu geus disahkeun anu tangtu pikeun tujuan miara, ngamumulé, mekarkeun, sarta ngamajukeun kabudayaan. Dina harti, para pejabat miboga peran séntral pikeun ngokolakeun kabudayaan daérah. Ari fungsina, nya éta pikeun kamajuan pangwangunan dina sagala widang anu berbasis kaarifan budaya lokal. Sanajan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan ngabogaan peran séntral dina nangtukeun konsép-konsép pemajuan kebudayaan, teu ngandung harti Dinas Dinas séjénna teu boga peran atawa teu kudu milu tanggung jawab, tapi baroga kawajiban milu mertahankeun kaarifan budaya lokal luyu jeung dalapan budaya téa. Unsur sistem téhnologi pertanian misilna, tangtu anu boga tanggung jawab téh SKPD anu ngokolakeun pertanian, nya kitu deui urusan arsitéktur tradisional nya kudu ku Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang. Urusan kaséhatan jeung ubar-ubaran tradisional, nya kudu ku Dinas Kesehatan, jsjb.

Ari sacara informal anu boga peran jeung pungsi pialang budaya dina nangtayungan sarta ngalanggengkeun kaaripan budaya lokal, nya éta para budayawan jeung ahli budaya. Para budayawan jeung seniman tangtu anu boga peran ngaéksprésikeun cipta, karsa, jeung karyana. Sedengkeun para ahli budaya boh akademisi boh non-akademisi, éta anu baroga konsép anu engkéna méré inspirasi jeung rekoméndasi ka pamaréntah daérah  jeung budayawan pikeun ngalaksanakeunana. Lian ti para para budayawan jeung ahli budaya, masarakat ogé mangrupa faktor penting pikeun jadi pialang budaya. Masarakat miboga hak jeung kawajiban pikeun mikanyaah tur mikareueus budaya bangsana sorangan. Taya hartina rupa-rupa palaturan jeung konsép lamun masarakat geus mopohokeun kana bandana sorangan. Jeung taya hartina rupa-rupa palaturan lamun teu dilaksanakeun ku sakumna panangtu kawijakan.

Ku hal éta, tilu lapisan unsur anu mangrupa pialang budaya kacida dibutuhkeunana. Peran jeung fungsina ogé tangtu kudu ajeg, luyu jeung sakumaha pameredih Undang Undang. Ana kitu dalapan unsur kabudayaan tangtu bakal bisa hirup sakumaha mistina, tetep renggenek teu kalindih ku budaya deungeun anu béda karakterna. Hal éta bisa dicindekkeun yén lamun kaarifan budaya lokal di saban daérah bisa ajeg, nya tangtu baris bisa nanjeurkeun budaya nasional.

 

*****

 

  • Blogger Comments
  • Facebook Comments

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.

Item Reviewed: Pentingna Ngamumulé Budaya (Bagéan 2) Rating: 5 Reviewed By: SuaraKuningan